nyepeng pangawasa di dinya. Geus kitu eta kapal-perang Inggris kebat layar deui nuju ka tanah Banggala. Tina kagedeanana, barang nepi teh ka muarana bagawan Ganges, ngahunted henteu bisaeun terus mudik di eta bangawan, dasarna mani antel kana leutak.
Tidinya Kangjeng Tuan Raffles jeung Raden Ustama ngalih, nitih hiji kapal leutik anu geus biasa milir-mudik di eta bangawan, kebat layar ka nagara Kalkuta.
Eta Bangawan Ganges gede kacida, panggedena di tanah Banggala (Hindustan), kira tikel 15 kali gedena ti Citarum, caina herang, ti kajauhan semu biru, ngocorna leuleuy. Ari sirahna aya dina lampingna Gunung Kendarnath, anu luhurna ti lautan 21618 kaki, ngarendeng jeung Gunung Everest (Gaurisankar), nya eta gunung anu pangluhur-luhurna di saalam dunya (29006 kaki). Eta dua gunung nu laluhur teh ayana di Pagunungan Himalaya.
Sanggeusna meunang dua poe layarna di eta bangawan, eta kapal leutik teh datang ka Kalkuta reujeung salametna.
Di dinya Kangjeng tuan Raffles kulem di hiji losmen gede sarta alus. Ari Raden Ustama diperenahkeun dina hiji kamar satukangeun anjeunna, anu geus ngabaku paranti rencang gegeden bangsa Europa, anu natamu di eta losmen.
Eta nagara Kalkuta leuwih gede tibatan dayeuh Singapura, tatapi dina jaman harita jalmana henteu pati loba, rupa-rupana bangsa oge pon nyakitu keneh,
Imah-imahna urang dinya meh kabeh ditembok jeung susun dua, tapi teuing ku kotor; tayohna bae saumurna tara pisan diberesihan atawa dilabur. Ari gedong-gedong bangsa Europa mah nya sarua bae jeung di Singapura atawa di Batawi, kabeh aralus jeung bareresih, kawantu dipiara salalawasna.
Eta nagara Kalkuta kabeulah jadi dua ku eta bangawan Ganges tengah-tengahna pisan; jadi upama urang arek ngajajah teh, kudu diselang tumpak parahu atawa sampan-tambangan heula, meuntas ti kenca ka katuhu atawa ti katuhu ka kenca kawantu taya sasakna, awahing ku lega.