Demi bangsa Hindu kalolobaanana sok tara daekeun campurgaul jeung nu sejen, iwal ti jeung anu tunggal sakaom. dining
Kieu kateranganana Bangsa Hindu teh dibagi opat kaom:
Kahiji kaom Brahmana, nya eta golongan bangsa pandita, guru-agama jeung ahli elmu nu luhur.
Kadua kaom Satriya, nya eta bangsa menak, tegesna para raja, hulubalang sabondoroyotna.
Katilu kaom Wisya, nya eta bangsa sudagar, patukangan anu galede, tani jeung sabangsana.
Kaopat kaom Sudra, nya eta anu panghandapna, tegesna bangsa leutik, kuli, jeung sabangsana eta.
Geus jadi kabiasaan ti babaheulana eta 4 kaom sok tara bisaeun campur-gaul, estu papahare hirup bae, ulahbon sasanakan, (kawin jeung anu sejen kaom), wawuh oge bangunna teu puruneun, lir cai jeung minyak bae.
Di tanah Hindu loba pisan jalma anu ngaringu gajah, dipake pangbantu gawe; mangpaatna leuwih ti sapi, kuda atawa munding pulo Jawa; katambah-tambah ari gajah mah leuwih mangarti batan sato ingon anu lian. Saban maju kana pagawean tara kungsi dipetakeun deui, sok karepna sorangan bae, da geus nyahoeun kana kawajibanana pribadi. Tatapi sabalikna, lamun geus nepi kana waktuna eureun digawe, tara beunang diririhan, sok eureun ku maneh; najan keur barangbawa anu beurat, nya sok bae ditunda di mana ninggangna kana waktu reureuh tea, najan di tengah jalan, leos bae manehna mah indit kana pangeureunan. Mangke ana entas ngaso, dina waktuna maju deui digawe, hideng ku maneh, ngincid nyokot tutundaanana tea, tuluy dibawa ka mana mistina.
Salianna ti digawekeun angkat jungjung eta gajah sok disewakeun jadi sato tutumpakan cara kuda di pulo Jawa, estu jinek pisan; tatapi lamun geus ngambek, estu lain bawaeun mokaha, sakatewakna boh jalma boh naon bae, dibeubeutkeun nepi ka remuk ajur; mindeng pisan aya sarati anu diamuk ku gajahna nepi ka pejet.
Kacaritakeun dina hiji waktu Raden Ustama ngajajah sisi