Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/61

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

bangawan Ganges sabeulah ti kenca, majeng ka girang. Mangsa harita loba jalma anu eukeur nguseup jeung lintar, curukul pisan, loba tur galede beubeunanganana.

 Harita aya hiji palika tumpak parahu leutik bari ngala lauk di sisi bangawan. Saban-saban ngarungkup, heurapna sok nyangkol dina jero cai, tuluy ku manehna diteuleuman. Estu hese-beleke ngan henteu mubadir, da aya upahna, nya eta sok meunang lauk gede. Ku Raden Ustama dietang, eta palika teh teuleumna geus 10 kali, sarta meunang-meunang bae lauk gede, tatapi heurapna oge ruksak. Sanggeus ngarasa cape balas teuteuleuman; manehna eureun cingogo dina hulu -parahu bari, udud roko ngelecis tamba tiris; geus beak saududan, tuluy manehna muka bebekelanana, prak baranghakan. Sanggeus seubeuheun, nyot udud deui bari sidengdang, sukuna sabeulah ti kenca ka luareun parahu sarta kakeueum ku cai, anu Sabeulah deui kana jero parahu. Ari heurapna saparo ngarunday ka cai, saparona deui ngalumbuk dina parahu. Sabot kitu manehna nenjo aya hiji lauk dina pojok parahu abrug-abrugan, mehmehan kaluar ka cai. Tapi ku manehna diantep bae, tayoh sangeukeun indit, ku tina ngeunaheun diuk bari ngareureuhkeun cape.

 Lauk teh beuki motah, nepi ka clengna ngalangkahan biwir parahu, kecemplung ragrag ka cai, les musna.

 Tapi barang eta. lauk tea; geus kacida -abrug-abruganana, palika teh kakara daekeun cengkat seja newak. Keur ngajengkatkeun sukuna anu. ngarumbay tea, aya anu;ngecebuk; ari ret teh direret kumanehanana bet buhaya arek nyapluk kana sukuna anu cikeneh dijengkatkeun tea, meh bae katewak. Tapi buhaya teh henteu luput, nya eta huntuna meh kabeh ngait kana saparona heurap anu ngarunday kana cai tea. Kabeneran eta heurap teh tambangna .dicangcangkeun kana hulu parahu. Atuh ana sedot teh buhayana maju ka girang, eta parahon teh kababawa maju. Ari palika petana sajongjongan mah ngahuleng bae hareungeueun. Parahuna beuki gancang, nyiriwik kawas maju ku maneh. Sanggeusna kumpul deui pangacianana, eta palika teh gegeroan sarta bari seuseurian cacalakatakan, nyeungseurikeun polah buhaya, ti girang

45