ka hilir, ti hilir ka girang deui; ari eureun eta tali heurap manehna dicentokan, atuh sedot. deui maju, kitu bae lampahna wates satengah jam lilana.
Harita loba baturna palika daratang marawa parahu, nulungan; kabeh saleuseurian bangun euweuh naker karisi,
Lila-lila eta buhaya teh ngagugusurna parahu, beuki kendor, jeung beuki remen muncungkeun hulu, malah katembong bangusna kabuntel ku heurap, beuki muket bae, Saban-saban nyenghap nembongkeun hulu, eta buhaya téh ku eta palika-palika dibaledogan jeung disurakan, ambeh ulah eureun ngagugusurna parahu. Atuh ari lila ti lila mah kacida capeeunana, nepi ka geus henteu bisaeun deui teuleum, ngan asoy-asoyan bae, sarta hantem pada maledogan, nepi ka regna pisan eureun, henteu bisaeun maju deui,
Harita aya dua jalma tarumpak parahu marawa tumbak. Tuluy eta buhaya teh ditumbak palebah beuteungna. Barang jeblos sakali, eta buhaya teh nonjol, jeprut tambang heurap teh pegat, lep buhayana teuleum deui, tatapi henteu kungsi lila buhayana geus muncul deui : jeblus deui ditumbak, nepi ka tilu kali; hos paeh.
Upama ku urang dipikir panjang, nya matak helok kersana Gusti Allah, ngajait jalma anu arek meunang cilaka gede, saperti eta palika tea. Upama eta lauk anu dina parahu henteu abrug-abrugan, sarta nepi ka luncatna ka cai, meureun eta palika teh kungsi beunangna ku buhaya, hamo pihirupeun deui. Karugianana leungit lauk hiji sarta kaleungitan heurap, kagantian nya eta ku kulitna buhaya; meureun ku manehna dituhurkeun, tuluy dijual.
Eta ku urang hade diingetkeun, mun meunang cilaka ulah sok wara susah, sabab eta teh sok rajeun oge nolak kana bahaya anu leuwih gede. Kitu deui lamun urang katarajang rugi, ulah sok wara aral, sabab eta teh sakapeung mah alamat kana meunang untung gede; tah buktina saperti eta palika tea.
Pareng mangsana aya di Kalkuta, Raden Ustama kenging wartos, yen Sultan Kalkuta arek kagungan karia, rek nikahkeun putrana istri, ka putra Sultan Allahabad. Atuh Raden Ustama teh