Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/63

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

bingaheun pisan, bakal uninga peta-petana kariaan pangkat raja di tanah Hindu.

 Jaman harita geus kabiasakeun pisan di eta nagara, upama Sultan arek ngaréndengankeun putrana, samemehna direnceng-renceng sarta diarak muter-muter nagara, eta pipanganteneun teh duanana ditepangkeun heula di leuweung. Kieu aturanana:

 Dina jero hiji leuweung anu rada deukeut ka nagara anu kasohor loba gajahna, jalma-jalma ngadadak nyarieun hiji papanggungan gede sarta luhur, di hareupeunana diburuankeun, anu sakurilingna dipager ku talutug kai anu galede.

 Pidua-poeeun deui kana nepangkeun pipanganteneun dina eta papanggungan, urang dinya geus ngalencarkeun sababaraha gajah anu lalindeuk, dititah neangan gajah anu panggedena di leuweung. Upama geus maranggih, eta gajah-gajah ingu teh baralik deui ka dununganana ngabejakeun ku isarat, yen aya hiji gajah gede, sarta diterangkeun jalu atawa bikangna.

 Upama eta putra-putri pangantenkeuneun katut rama-ramana jeung menak-menak anu ngariring sarta tatamu-tamu anu sejen geus karumpul dina eta papanggungan, eta gajah-gajah ingu teh sina arasup deui ka jero leuweung bari marawa tambang-pangeurad, nyampeurkeun ka gajah-gajah tea. Eta gajah-gajah jarah saayana ku gajah-gajah ingu diarajakan ka tempat anu beunang ngubeng ku talutug tea, brul ngabubuhan, sakapeung mah tara kurang ti lima puluh.

 Ari gajah anu arek diarah tea, leumpangna diaping ku gajah anu geus lalindeuk : upama geus rada deukeut kana papanggungan, tambang pangeurad, ku eta anu ngaraping teh dieuradkeun kana sukuna duanana anu beulah ti hareup. Harita gajah-gajah teh kakara ngahartieun yen manehna ditipu sarta arek dikaniaya, pek meta arek ngejat jauh bari sesegor gerang-gerung, sorana matak risi pisan. Tatapi ku sabab sukuna nu dua geus dieurad, sarta eta pangeuradna ditalikeun kang dada gajah-gajah anu ngaraping tea, jeung hantem dipaksa pada narik, dibawa kana hareupeun papanggungan tea, eta gajah jarah teh teu bisaeun ngejat. Ari

47