Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/64

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

batur-baturna anu rea, breng lalumpatan pasalebrungan teu puguh losna, katurug-turug sarieuneun ku sora gembreng kendang jeung sejen-sejen tatabeuhan, sorana mani asa kaindit. Ari gajah-gajah anu areneng keneh, ku urang dinya ditarewakan, arek diingu, dibawa ka nagara. Eta gajah anu dieurad teh hantem dipaksa sina maju, sanajan beberod ngenca-ngatuhu oge taya gunana, da ditarik ku dua atawa tilu gajah lindeuk, katurug-turug ti tukangeunana dihantem ditareunggeulan ku pirang-pirang jalma anu enggeus ngabaku mulasara gajah. Atuh ari lila-lila mah eta gajah-gajah teh nya kapaksa nurut, maju nepi ka deukeut papanggungan, ger disurakan ku saayana jalma anu didinya, bari dibarengan ku tatabeuhan, geus henteu puguh dengekeuneunana, kabeh pada sarukan-sukan, baroga rasa geus hasil maksud. Harita Kangjeng Tuan Raffles jeung Raden Ustama oge naringali, kacida karageteunana, tina kakara ningali ngala gajah di tanah Hindu, bet dipikat ku bangsana gajah deui.

 Weu, upama di Pulo Jawa aya jalma anu bisaeun ngingu bagong nepi ka bageur, beunang di titah di carek cara ngingu gajah di tanah Hindu, nepi ka beunang dititah ngabujuk batur-baturna dibawa ka hiji tempat anu geus dijaga ku jalma-jalma, meureun kebon-kebon sampeu, hui, suuk, jagong jeung saniskara palawija, kabeh walagri, henteu diranjah teuing ku bagong!

 Barang geus meunang 15 poe arayana di Kalkuta, Kangjeng Tuan Raffles jeung Raden Ustama jalengkar deui naritih kapal. Di muara bangawan Ganges anjeunna ngaralih deui nitihan kapal-perang gede. Eta kapal singgah heula di palabuan Madras; Raden Ustama hanjakaleun pisan, reh harita henteu meunang angkat ka daratan, sabab didinya nuju loba kasakit kolera, Ti palabuan Madras jung deui eta kapal indit nuju ka palabuan Kolombo, di Pulo Selong; ari balabuhna didinya lilana meunang 5 peuting.

___________

48