Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/65

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

IV.

 Ti barang jol ka pelabuhan Kolombo, isukna deui Raden Ustama angkat ka daratan amengan muter-muter kota, ningalian kaayaan didinya. Eta nagara enya oge henteu pati gede saperti Kalkuta atawa Singapura, teu wudu matak resep, tempatna resik, hawana ngeunah, jalan-jalanna galede, sisi-sisina dipelakan tatangkalan sarupa kanari. Imah-imahna meh kabeh tembok, ngan henteu pati luhur saperti di Kalkuta; ari bab karameanana dina jaman harita meh sarua baej jeung Singapura, kawantu sarua pada kasinggahan ku kapal-kapal ti tanah Eropa anu latar-liwat ka pulu-pulo India-Wetan jeung ka tanah Cina.

 Pamendak Raden-Ustama, dina jaman harita, rupana bangsa pribumi didinya teh sarenangeun pisan, carukup sandang-panganna, taya pisan nujajaluk.

 Barang geus nepi kana mangsana, bral kapa peAkai teh layar deui ti palabuhan Kolombo ka Bombay.

 Henteu kacatur di jalanna, kocapkeun datangna bae ka palabuhan Bombay reujeung salametna.

 Eta nagara dina pulo leutik, ngaranna nya Pulo, Bombay deukeut pisan ka basisir tanah Hindustan.

 Mungguh jalma anu kakara ngambah palaruseng geus tangtu hookeun, tina nenjo palabuhanana, batan sakitu gedena jeung ramena, ngungkulan ka palabuhan Singapura atawa Kolombo, sabab pirang-pirang kapal anu daratang ka dinya ti sejen-sejen nagara, méh ti sakuliyahna alam dunya, da katara dina bandera-banderana, rupa-rupa pisan; nya kitu deui bangunna eta kapal-kapal teh beda-beda.

 Ari balabuhna dareukeut pisan ka daratan, aya anu keur ngamomotkeun jeung aya anu keur ngaluarkeun barang-barang, anu keur diomean, anu keur dicet, diterapan tihang-layar, aya

49