Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/66

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

anu kakara datang bari ting galonjrang narurunkeun jangkar, jeung aya oge anu arek indit; matros-matrosna digawe sagawe-gawena bari ngarawih semu anu taya kasusah.

 Di dinya Kangjeng Tuan Raffles natamu di losmen Inggeris jeung Raden Ustama, gedena ngungkulan ti losmen anu urutna natamu di Kalkuta.

 Kadua poena aya di Bombay Raden Ustama: ngajajah muter-muter eta kota babarengan jeung hiji jongos losmen, anu geus baku purah nganteur-nganteur tatamu, anu hoyongeun tingali kaayaan di dinya.

 Mimitina anjeunna ngambah jalan, anu kenca-katuhueunana pinuh ku toko-toko urang pribumi, eusina rupa-rupa barang kaluaran tanah Hindustan. Persi jeung Eropa, marodel sarta aralus. Tidinya tuluy anjeunna angkat ka tempat bangsa Eropa. Anjeunna henteu kira-kira kageteunana, ningali gedong-gedong bangsa Eropa leuwih laluhur tibatan di sejen-sejen nagara, datang ka luhurna teh aya anu satangkal kalapa, umpakanana opat.

 Henteu jauh pernahna ti dinya, aya hiji tempat paragi nyiyeun benang-sutra. Didinya aya hiji elos gede tur barodas; gedena sagede-gede indung-leungeun, nyarayang dina tempat-anu geus meunang nyadiakeun hade-hade: ari parabna anu:katingali mangsa harita ku Raden Ustama, ngan wungkul daun bebesaran bae.

 Eta hileud-sutra dina enggonna lila-lila sok muntel maneh ku ramatna sorangan, tanda arek ganti wujud, nya eta arek jadi kukupu. Sanggeusna eta hileud maruntel, tuluy ku anu ngingu teh dirawatan ramatna, diudaran dijieun benang, nya eta anu disebut benang sutra tea.

 Tatapi eta hileud anu eukeur tarapa teh, henteu kabeh diala, sawareh mah diantep bae, sina jaradi kukupu. Mangke sanggeusna jaradi kukupu, lila-lila ngarendog.

 Eta endog lila-lila malegar, nya jadi hileud sutra tea ; sanggeus kitu tarapa deui, nya eta muntel maneh ku ramatna pribadi tea, anu ku urang sok disebut sayang hileud; geus kitu tuluy jaradi deui kukupu, sarta tuluy ngarendog deui. Eta kitu

50