bae saterusna. Ari kukupuna mah henteu jadi naon-naon, lila-lila mah nya tuluy paraeh bae.
Didinya aya deui hiji elos gede tempat nyieun benangsutra, di jerona mangratus-ratus jalma awewe-lalaki, kolot-budak anu digarawe. Satukangeun eta elos aya hiji kebon lega pisan, dipelakan bebesaran nu diarah daunna, nya eta pikeun parab hileud tea.
Sanggeus wareg ningalian kaayaan didinya, Raden Ustama mulih ka losmen.
Ari sorena kira jam 7, anjeunna disaur ku Kangjeng Tuan Raffles. Kasondong ku anjeunna eta Kangjeng Tuan Raffles keur rame cacarios jeung hiji tuan, tayohna gegeden di nagara eta, da harita anu dicarioskeun teh, anu kadangu ku Raden Ustama, ngan perkara paparentahan nagara bae, kieu kadanguna:
Raffles : ”Lima tahun lamina kuring nya marentah kapuloan India-Wetan, satiasa kuring ngakalan, supados pamarentah Inggris dipikaresep ku urang Pribumi. Mana aturan-aturan lami, anu sakinten ngabeuratkeun kana kalakuan urang Pribumi, ku kuring dirobah, digentos ku aturan-aturan nu sarae anu dikinten matak ngentengkeun sarta nguntungkeun ka maranehanana.”
Tuan tatamu : ”Ku panginten, upami nagara Inggris lambat-lambut ngabawahna kapuloan India-Wetan, kapayunna, tangtos piuntungeun pisan.”
Raffles : ”Kantenan, teu sak deui, kuring teu sak deui, kuring teu acan mendak deui pulo atawa tanah di saalam dunya, anu jalma-jalmana gampil diparentahna sapertos di kapuloan India-Wetan, sumawonten eta mah di Pulo Jawa, menak-kuring narurut pisan kana parentahna bangsa Eropa, meh taya pisan bahana.”
Sajongjongan eta dua pangagung ngaharuleng papayun-payun. Geus kitu Kangjeng Tuan Raffles ngandika, saurna. ”Kumaha jadi enjing urang arangkat ka patilasan urang Hindu di Pulo Elephanta teh ?"