Tuan tatamu : “Sumuhun, enjing jam 7 kuring bade nyampeur kadieu.”
Sanggeus sasauran kitu, Tuan Tatamu teh tuluy mulih.
Tidinya Kangjeng Tuan Raffles ngandika ka Raden Ustama : "Euy. Ustama! isukan urang nyaraba ka Pulo Elephanta, nenjo jijieunan urang Hindu jaman baheula, anu umurna geus mangrebu-rebu tahun nepi ka waktu ieu. Geura, engke ku maneh kamalum, kumaha kapinteranana urang Hindu dina jaman baheula pisan. Isukan, isuk-isuk, jam 7, maneh kudu geus sadia.”
Isukna jam 7, Kangjeng Tuan Raffles jeung pirang-pirang tuan bangsa Inggris arangkat, naritih hiji kapal leutik ti palabuhan Bombay ka Pulo Elephanta, anu pernahna henteu pati jauh tidinya; henteu kungsi lila eta kapal enggeus nepi ka eta pulo sarta terus balabuh dina hiji lengkongan.
Rada jauh ti sisi basisirna, aya hiji pasir cadas teuas, gede kacida, beunang disebutkeun pasir batu bae. Tah, nya didinya tempatna patilasan pamujaan anu rek ditingalian teh.
Saha-saha anu kakara nenjo kaayaanana eta patilasan, tangtu heraneun, aya pagawean jalma sakitu poharana tur alusna sarta anehna, eta nyata pisan yen urang Hindu jaman baheula leuwih pinter ti batan anu jaman ayeuna. Kieu cek Raden Ustama Kaayaanana eta patilasan teh:
"Eta patilasan gede pisan, dijieunna tina batu cadas, jeung lain ditumpuk-tumpuk, ieu mah ngahagal ngorowot pasir cadas, direka-reka dibangun rupa-rupa wujud, nepi ka jleg jadi rupa tempat pamujaan. Ti hareupna aya gapura diukir alus pisan, dirupakeun gambar anu araneh; di luhureunana aya hiji arca oray-naga gede pisan, rupana estu matak gila pisan, matana molotot, sungutna calawak, huntuna ranggeteng, sihungna pabeulit, letahna ngelel sarta ruruhitan, siga naker anu rek nyapluk ka sakur jalma anu arek asup ka eta pamujaan.
Dina kenca-katuhueunana lawang-gapura, aya dua arca buta, jangkungna meh sarua bae jeung gapura. Eta dua arca minangka jaga pintu, buktina nyarekel gagaman prajurit, nya eta