leungeunna anu kenca nyekelan panah anu paksina make ruruhit, direka sapertos oray, jeung bari nyorendang pedang gede tur panjang; dina tonggongna ngagandong wadah jamparing jeung jamparingna; awakna make baju-kere jeung ngagigirkeun hiji kepeng.
Didinya loba tihang-tihang ngaberes sababaraha jajar galede tur lalempeng, dijieunna nya tina batu cadas tea, diukir aralus pisan. Eta tihang-tihang gawena pikeun nahan kana suhunan; lalangitna diukir direka saperti areuy-areuy pabeulit. Sakubengna eta pamujaan pinuh ku rupa-rupa arca anu gedena meh sarua jeung arca-arca anu araya di kenca-katuhueunana lawang-gapura tea; tonggongna eta arca-arca kabeh ngajadi hiji reujeung cadas baku, tegesna bilik eta pamujaan.
Di antara eta nu sakitu, aya 3 arca dewa, anu sok dipunjung-punjung ku urang dinya, nyaeta :
Kahiji arcana Batara Brama, dedeganana jangkung, lenjang, sirahna make makuta, beuheungna make kangkalung pateep, cangkengna lengkeh sarta make benten, leungeunna digeulang, dina peupeuteuyanana make kilat-bahu direka manuk garuda hiber; pigeulang sukuna oge make geulang direka saperti oray naga. Eta arca rupana alus, matak resep anu nenjo. Nurutkeun kapercayaanana urang Hindu, eta Batara Brama teh, dewa anu ngadamel alam dunya.
Kadua arca Batara-Wisnu, alusna nya meh sarua bae reujeung arcana Batara Brama, ngan beda dedeganna ieu mah rada leutik, ngan meunang cangker. Eta Batara Wisnu, cek agama Hindu nya eta anu ngaraksa sakabeh anu kumelip di alam dunya.
Katilu arca Batara Siwa, nya eta dewa anu purah ngaruksak sakur anu aya di alam dunya. Pantes bae kitu kalakuanana teh, da rupana oge estu matak gila pisan.
Eta pamujaan di eta pulo, babakuna tempat pamujaan ka Batara Siwa, tatapi ari saenya-enyana mah dijarieunna ku jalma-jalma baheula teh, pikeun ngahormat-hormat ka Batara Brama. Cek caritaan jeung kapercayaan urang Hindu, eta agama Brama geus kahot pisan, ngadegna bareng jeung jadina alam dunya.