Sanggéus taramat naringalina eta patilasan di pulo Elephanta bral tuan teh marulih deui ka kota Bombay. Ari isukna deui bral arangkat tunggang kapal leutik ngajugjug ka pulo Salsette, ayana paeunteung-eunteung jeung pulo Bombay.
Didinya aya deui hiji patilasan tempat muja, alusna jeung matak heranna, meh sarua bae jeung patilasan di pulo Elephanta tea, ngan sejen cadang, ieu mah paranti muja ka Batara Buda.
Cek urang Hindu, eta Batara Buda ngamimitianana ngembarkeun agamana, dina 400 tahun deui kana gelarna Kangjeng Nabi Isa.
Eta patilasan-patilasan pamujaan jeung candi-candi, lain di pulo Elephanta jeung Salsette bae, tapi estu bacacar di sakuliahna tanah Hindu; aya anu di jero guha cadas, aya anu dina handapeun pasir-cadas, jeung aya oge anu dina tempat negla bae, cara di Borobudur jeung Prambanan.
Upama dihantem ku urang dipikir, naha mana eta jalma-jalma jaman baheula bet geus bisaeun nyieun wawangunan anu sakitu paloharana jeung sakitu aralusna, estu tetela naker henteu aya lian sabab, anging ku kacida marusti-mustina kana agamana.
Nilik sakumaha anu geus dicaritakeun bieu, eta tetela pisan, yen urang Hindia jaman baheulana geus palinter, sabab upama teu kitu, geus hamo pibisaeun nyarieun wawangunan-wawangunan anu sakitu sarantosana jeung aralusna.
Tayohna dina jaman harita di pulo Jawa oge jalma-jalmana geus palalinter, buktina loba naker patilasanana, bacacar di mana-mana. Bener ari diluluguanana mah ku urang Hindu, tapi asa piraku dina waktu harita urang Jawa teh ngan wungkul jaradi kuli bae, tangtu loba oge anu palinter, anu geus kaleberan ku kapinteranana urang Hindu.
Tatapi naon sababna nu matak eta kapinteran teh lila-lila bet jadi laleungitan deui? Ku taksiran bae kieu sababna :
Saperkara (milik kana bukti ayeuna), babakuna urang pulo