Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/71

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Jawa, ana geus boga pangarti teh, tara daraekeun nambahan, sumawonna leukeun nyatetkeun dina jero buku.

 Kadua perkarana, sok tara pati daraekeun mencarkeun pangartina, rasana ngan perlu baris sasoranganeun bae, da pikirna upama loba anu nyaho kana kapinteranana, geus tangtu manehna kaelehkeun atawa ngurangan kana kauntunganana jeung kamashuranana. Atuh ari maranehna paeh prung eta elmu-elmuna buntu, teu katuluykeun ku nu hirup.

 Demi eta tuan-tuan Inggris waktu naringali patilasan-patilasan di pulo Elephanta jeung Salsette, daramelna sawareh aya nu ngukur eta tempat patilasan, sawareh ngagambar arca-arca, mariksa cadas, jeung sawareh aya oge anu nyareratkeun sakur anu katingali jeung kapendak ku aranjeunn.

 Tah sakitu leukeunna bangsa Eropa mah, asal timu jalma hiji dua bae, engkena kanyahoan ku mangrebu-rebu, da si anu loba teh, najan henteu milu nenjo oge, teu wudu bisa milu maca caritaanana.

 Jeung deui urang Eropa mah, nu matak beuki tambah maju bae kapinteranana, sabab kieu tabeatna:

 Saperkara karepna tetep; naon bae anu dipilampah, tara wara di tunda, lamun tacan hasil; kajaba lamun kaburu beak umur atawa katarajang panyakit.

 Kadua perkarana, getol nulad elmu anu geus aya ti babaheulana; mana anu kurang hade sok dirobah, anu sakira goreng dipiceunan. Sapamanggihna anu araneh, dicatet, supaya ulah poho, sarta tuluy dibeja-bejakeun ka batur-baturna.

 Katilu perkarana, resep campur jeung jalma anu geus kawentarkeun loba elmuna. Eta elmu-elmu ku manehna dihantem dileukeunan diturutan nepi ka bisa pisan.

 Kaopat perkarana, resep nyanyabaan jauh, satincak-polahna, sareret sapanenjona, kabeh dicatet. Mangke ana balik ka nagarana, tuluy dibukukeun, pambrih kabaca ku sarerea.

 Kalima perkarana, upama kawenehan nenjo barang nu araheng, hantem diteangan jeung dipikiran sabab-sababna, nepi ka

55