katimuna.
Kagenep perkarana, upama anu aneh-aneh, anu ku sejen bangsa dirasiahkeun, eta ku bangsa Eropa sok hantem bae diakalan, supaya manehna milu nyaho, kajeun teuing matak cilaka, asal hasil bae maksudna, da rasana geusan kanyaho sarerea.
Katujuh perkarana, getol ngakal-ngakal metakeun kakawasaanana jeung kakuatanana rupa-rupa wujud barang, kayaning : seuneu, angin, cai jeung jaba ti eta, sangkan ngengtengkeun kana pagawean; nya buktina jadi aya kapal, kareta-api, telephoon, pabrik, motor jeung sajaba tieta.
Kajaba anu geus kasebut di luhur, loba deui perkara-perkara anu sejen, anu ngalantarankeun nambah-nambah kana kapinteranana bangsa Eropa. Malah jaman ayeuna oge eta bangsa masih terus bae ngotektak neangan jeung nambahan elmu anu masih keneh kurang sampurna; tayohna bae kakara eureun, kudu bareng jeung ruksakna alam dunya.
Dina hiji waktu Kangjeng Tuan Raffles ngandika kieu : ”Ustama! naha maneh moal milu terus ka nagara Inggris?”
Raden Ustama : ”Nyanggakeun rebu bebendu laksa duduka bae, henteu tiasa ngiring, margi abdi dalem hayang wangsul ka pulo Jawa.”
Tuan Raffles : ”Heug atuh! Lima poe deui aya kapal arek layar ka nagara Inggris, mawa barang-barang kami bawa ti BataWi tea; maneh bisa numpang nepi ka Kaapstad, di pojokna tanah Afrika sabeulah ti Kidul, bawahan nagara Inggris. Ti dinya mangke maneh numpang kana kapal biasa sabulan sakali indit ti dinya ka Singapura atawa Padang. Enya oge lampah maneh bakal belot, tapi henteu matak naon-naon, tinimbang maneh cicing lila-lila di dieu mah; da puguh ti dieu teh arang aya kapal anu terus layar ka Singapura atawa Batawi; aya oge masih lila keneh, sakurang-kurangna 3 atawa 4 bulan deui. Ari kami mah di dieu masih keneh lila, aya baris bereskeuneun anu henteu beunang dibawa gurung-gusuh.”
Kocapkeun geus nepi kana waktuna Raden Ustama arek