layar ti Bombay ka Kaapstard. Waktuna pamitan ka Kangjeng Tuan Raffles, anjeunna cumalimba, reh bakal paturay jeung dunungan anu kacida nyaaheunana ka anjeunna.
Dawuhan Tuan Raffles : ”Salamet jalan Ustama! Muga gusti Allah nangtayungan ka maneh, sing bisa gancang datang ka pulo Jawa, geura papanggih deui jeung baraya-baraya maneh.”
Raden Ustama ngawangsul bari dumareuda : ”Nyuhunkeun hibar pangestu dampal dalem bae!”
Geus kitu Raden Ustama bral angkat ka kapal; poe harita keneh eta kapal beber-layar jait-jangkar, soloyong ka tengah lautan arek ngajugjug ka nagara Kaapstad tea.
Eta kapal anu ditunggangan ku Raden Ustama, kapal dagang Inggris, ngaranna Britanye, gedena sedeng bae, tihang-layarna tilu, paparabotanana geus hareubeul, kitu deui badanna geus loba pisan tambalna; taksiran bae umurna-geus leuwih ti lima puluh tahun. Di dinya Raden Ustama dipernahkeun hade-hade, tayohna bae dipihapekeun ku Kangjeng Tuan Raffles ka Kaptenna, da buktina eta Tuan Kapten teh hemaneun pisan ka anjeunna.
Dina jero tilu poe Raden Ustama henteu kaluar-kaluar, sabab ngaraos teu damang nyenyepan, katurug-turug gohgoy, gentrana mani peuyeuh. Barang anjeunna geus ngaraos damang, pek anjeunna ngalong dina dek, rarat-reret kana madhab-papat, taya nu katingali, iwal ti langit jeung cai. Anjeunna bungaheun oge, sabab ngaraos yen anjeunna keur mulih ka pulo Jawa, tapi ari peta tea mah; manan ngadeukeutan, anggur ngajauhan. Sajajalan anjeunna lalamunan, iraha pitepieun ka Batawi, jeung kumaha di jalan moal aya halangan anu banget, anu ngendorkeun kana perlampahan?
Sabot ngamanah-manah kitu anjeunna ningali di tebeh kulon lapat-lapat aya nu ngelemeng hideung, tuluy: mariksa ka; Sarsan-kapal, anu harita pareng deukeut ka anjeunna, kieu saurna:
”Sarsan ! Itu di tebeh kulon aya nu ngelemeng, naon eta teh?”
Sarsan : ”Basisir tanah Arab sabeulah ti Wetan. Ari maneh arek nyaba ka mana, mana milu jeung ieu Kapal?”