Raden Ustama: ”Arek balik ka pulo Jawa.”
Sarsan mencrong ka anjeunna semu anu kaget, lila-lila pok ngomong kieu : “Eh ! Naha maneh ngalindur? Ieu kapalkeur maju ka nagara Inggris, lain ka India-Wetan, geus tangtu maneh kaliru!”
Raden Ustama : ’’Teu sing, teu kaliru! Kula oge nyaho yen ieu kapal rek terus ka nagara Inggris; tapi waktu kaula aya di nagara Bombay, harita euweuh kapal anu ngaliwat ka pulo Selong terus ka Singapura; di ayana oge kaula kudu ngadagoan heula dua-tilu bulan deui.”
Sarsan : ”Jadi ku sabab maneh henteu sabar ngadagoan, tuluy bae milu kana kapal ieu, nya?”
Raden Ustama : Enya kitu.”
Sarsan : ’’Euh, jadi ana kitu maneh teh samemeh jol ka Batawi, hayang nincak heula tanah Inggris jeung ngambah lautan Atlantika?”
Raden Ustama : ’Henteu, kaula mah ngan arek nepi ka Kaapstad bae, di pojok tanah Afrika sabeulah ti Kidul.”
Sarsan : ’’Euh, kaharti ayeuna mah; jadi ti nagara Kaapstad maneh teh arek tumpak kapal terus ka Batawi ngaliwat selat Sunda, nya? Ati-ati euy! Eta lalampahan teh bangga kacida, loba naker balaina.”
Raden Ustama : ’’Enya kitu! Tatapi ku hal bangga jeung loba balaina mah, keun bae, kumaha behna bae.”
Kasabelas poena ti sabral eta kapal layar ti Bombay, jol datang ka palabuhan Aden. Harita Raden Ustama hanjakaleun pisan, henteu meunang hanjat ka dinya, sabab pinuju pagebug panyakit sasalad, Isukna kebat layar deui.
Barang enggeus 13 poe indit ti palabuhan Aden, kira wanci jam 7 isuk-isuk, ngadak-ngadak les bae euweuh angin; atuh kapal teh henteu bisaeun laju, ngan ampul-ampulan kaombakkeun ku lambak bae. Kabeh urang kapal taya gawena, ngan luad-liud bae atawa ngaromong jeung pada baturna; sawareh heheotan