Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/75

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

nangtang angin, tapi weleh. angin teh henteu datang, nepi ka dalapan poe lilana.

 Ngarah urang kapal ulah kareseleun teuing, Tuan Kapten miwarang digarawe sautak-saeutik; anu henteu perlu oge, dipiwarang dipigawe, kayaning : ngumbah kapal mereskeun barang-barang muatan, : numbu-numbukeun tambang, ngaputan layar jeung sajaba ti eta. Ngan popoean bae eta pagawean teh geus anggeus, tuluy diganti ku ngala lauk make useup. Tuan Kapten jangji, saha-saha anu meunang lauk gede, eta beunangna ku anjeunna baris digaleuh.

 Meh kabeh urang kapal, harita, unggal poe. gawena ngan ngaruseup bae. Laukna di eta lautan nyanggutna dolog pisan, datang ka eta matros-matros teh mareunang pirang-pirang lauk anu galede, kabeh ku Tuan Kapten digaleuh, nekanan jangjina tea.

 Sabot matros-matros ngaruseup, Raden Ustama jeung -Sarsan tea, dina hiji mangsa ngawarangkong deui paduduaan, tumaninah kacida, bari ningalikeun ka nu keur ngaruseup.

 Cek Sarsan kapal : "Estu taya babandinganana bae kakesel teh lamun geus kieu, narajang taya angin.”

 Raden Ustama : ”Salila sok nyanyabaan ngambah lautan, kaula tacan ngalaman euweuh angin nepi ka 3 poe. lilana; paling lila oge ngan saukur sapoe, isukna geus hiuk deui aya.”

 Sarsan : ”Ari kaula mah mindeng pisan ngalaman, malah sakapeung mah nepi ka 15 poe. lilana. Upama anu jadi kapten kurang-kurang bisana mah ngabangbangkeun. ka urang kapal, kalolobaanana mah eta pagawe-pagawe teh ngan ting salegrek bae harees,ceples naker marmot. di tanah Eropa dina usum tiris; upama henteu digareuingkeun mah, tayohna najan 7 poe oge, moal daraekeun nyaring ku maneh...”

 Raden Ustama : ”Upama angger kieu bae mah, atuh urang teh hamo tereh-tereh datang ka nu dijugjug.”

 Sarsan : ”Geus tangtu bae. Tatapi ieu kapal nya maju oge saeutik-eutikeun, kabawa ku alun laut.”

59