Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/76

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Raden Ustama "Tapi meureun di majuna oge henteu puguh, da aya lambak ti kidul maju ngaler, lambak ti kaler maju ngidul; jadi kapal teh lampahna saperti engkang-engkang, maju-undur, tetep dina hiji tempat."

Sarsan : "Eta panyana maneh salah; satemenna ieu kapal teh terus kapalidkeun ku alun, majuna ngidul-ngulon."

Raden Ustama: "Kumaha kanyahoanana, yen ieu kapal maju, geuning rarasaan kaula mah ngan ampul-ampulan jeung gagaliengan bae?"

Sarsan : "Eta geus bakatna lautan kitu; cai laut teh di sadunya henteu cicing di satempat-tempatna bae, tatapi salawasna maju ngurilingan dunya."

Sabot eta Sarsan-kapal kebat nerangkeun bab lampahna cai laut, matros-matros anu keur ngaruseup teh ger salusurakan rame pisan, matak kaget ka sakur anu araya didinya Ari sababna kieu :

Aya hiji matros ngaranna Mortier, remen pisan dihukum ku Tuan Kapten, ku tina sok remen gelut jeung batur-baturna, lantaran cecek-bocek, Mangsa harita manehna kakara dikaluarkeun tina hukumanana, lantaran nyekek baturna.

Sabot matros-matros nu loba obyag ngaruseup, manehna mah tonggoy bae nyangheuy kana bangku dina dek barina ngaheumheum bako, bangun keur sagala sangeuk, sagala kajeun.

Henteu lila torojol Tuan Kapten sumping kana dek, ningali ka sakabeh matros-matros anu eukeur ngaruseup tea. Barang ret ka Mortier, anu sakitu keur nyoranganana jeung henteu digawe, anjeunna mariksa : "Euy, Mortier! Naha maneh bet henteu milu nguseup jeung batur-batur maneh?"

Mortier gancang nangtung, bari ngawangsulan, kieu pokna: "Mugi Tuan Kapten henteu jadi bendu, jisim kuring teh henteu tiasa walakaya, lalesu keneh, wireh nembe kaluar ti pangberokan."

"Ah, maneh mah sagala teh ngan awad bae, abong enya

60