ma kedul; hayoh ayeuna maneh geura milu nguseup jeung batur-batur maneh.” saur Tuan Kapten teh.
Mortier ngagugu, tatapi digawena teh daek-daek hanteu-hanteu, sasat dipaksa bae eta mah daek soteh. Tapi aneh kacida pangasih Gusti Allah ka anu keur prihatin. Mortier nguseupna teh cukul, ti sabarang prak henteu kungsi satengah jam lilana, useupna aya nu nyanggut; tuluy ku manehana ditataran, talina meh beyak. Geus kitu tuluy dipulut lalaunan, ana borengkal teh dijungjungkeun, bet matak heran sarerea, nya eta meunang hiji lauk gede, huluna dua. Atuh ger bae matros-matros anu sejen teh sarurak, geus lain dikieuna bae ramena teh.
Eta lauk ku Tuan Kapten dipiwarang dibakasem baris dicandak ka London, arek disimpen di gedong tongtonan.
Kocapkeun geus dalapan poe lilana euweuh angin, barang kasalapan poena hiuk deui aya; atuh kapal Britanye teh maju deui sakumaha biasa, ditujukeun ka palabuhan Sansibar; eta nagara ayana dina hiji pulo leutik sisi tanah Afrika. Ari perluna eta kapal nyimpang heula ka dinya, sabab aya barang-barang dagangan anu perlu diturunkeun didinya.
Didinya eta kapal, eureun tilu peuting. Cek Raden Ustama, imah-imahna didinya ditarembok, pantona jeung jandelana dicet warna-warna. Eta imah-imah kalolobaanana tilu atawa opat umpak, sarta meh kabeh henteu marake suhunan; jadi diluhurna teh beunang dipake niis. Eta paniisan anu sarupa kitu, cek basa Arab ”sotoh”.
Jalan-jalanna di Sansibar hareureut jeung kalotor. Tembokanana imah-imah pinuh ku lukut jeung areuy-areuy nu ngarambat ti handap nepi ka jandela-jandelana nu pangluhurna, ngayang ka mana-mana, kembangna aralus pisan. Antara imah pada imah deui loba tatangkalan sarupa camara, clu-clo teu jeung aturan, paselang jeung tangkal-tangkal korma, salep, jambe jeung rupa-rupa deui sabangsana eta. Daun-daunna eta tatangkalan harejo lalempay, sieup pisan katenjona ti kajauhan.
Jalma-jalmana eusi eta nagara kalolobaanana bangsa Me-