sir, Arab jeung Takruni (jalma hideung); ari papakeana eta bangsa-bangsa nya lumbrah saperti anu araya di Pulo Jawa bae.
Salilana kapal eureun di palabuhan Sansibar, Raden Ustama jeung Sarsan-kapal sok basiar muter-muter eta nagara, meh taya hiji jalan anu kalarung, jeung sok mindeng arasup ka toko-toko atawa losmen-losmen ngareureuhkeun cape.
Dina hiji waktu Raden Ustama mariksa ka Sarsan, kieu saurna : “Pamanggih kaula didieu kacida panasna, ngungkulan ti di tengah lautan; eta naon sababna Sarsan ?”
Wangsulanana Sarsan : “Puguh bae didieu hawana panas kacida, sabab sasatna ieu teh aya di tanah Afrika bae, sanajan enya oge ieu nagara aya dina pulo.”
Raden Ustama : “Naha pedah di tanah Afrika, make kudu panas?”
Sarsan : “Kieu sababna : Ieu pulo deukeut kana Khatulistiwa, jadi kasorotanana ku panonpowe teh netek pisan; jadi tangtu panasna teh leuwih tibatan sejen-sejen tempat anu jauh kana Khatulistiwa. Kadua perkarana, dasarna ieu tanah batu jeung keusik, meh euweuh taneuhan. Eta keusik jeung batu, ana kasorotan sok gancang jadi panas, atuh nambahan kana panasna panonpoe anu nyorot kana bumi tea, kitu deui hawa. Tah kitu babakuna, nu matak hawa didieu leuwih panas tibatan di sejen-sejen tempat.”
Barang geus tilu peuting lilana balabuh di eta nagara, bral kapal Britanye layar deui, lampahna cepet pisan, kajurung ku angin hade, jeung kabeneran lautna henteu pati motah teuing. Atuh Tuan Kapten jeung kabeh eusi kapal pada saruka bungah, angkohanana tangtu bakal gancang datang ka nu dijugjug.
Barang geus liwat Selat Mosambik, nya eta antara pulo Madagaskar jeung tanah Afrika, urang kapal narangenan, yen wadah cai tawar bocor, henteu terang naon sababna, datang ka meh saat.
Tuan Kapten gancang marentah, supaya urang kapal ngarinumna disuda satengahna ti biasa, bisi eta cai henteu picuku-