Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/79

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

peun diinum nepi ka palabuhan anu deukeut kadinya. Tapi sanajan sakumaha dicecelanana oge, ari lila-lila mah nya beak pisan. Ku tina kituna urang kapal mimiti katarajang halabhab.

Di pulo Jawa jeung di sejen-sejen tempat osok oge katarajang paceklik, loba jalma anu langlayeuseun kakurangan teda; tapi eta kasusahan teh henteu sajere-jerena acan tina kasusahan ku hal kakurangan cai di kapal, da mungguh di daratan mah masih keneh loba dangdaunan atawa akar-akaran anu bareunang diteda, keur ngareureuhkeun peurih peujit. Ari di kapal mah upama geus beak cai teh estu cilaka kacida, da sanajan loba tetedaeun oge ari henteu jeung cai mah, geus tangtu seuseut asupna kana tikoro. Aya oge cai laut, tapi henteu beunang diinum, da puguh pangset kabina-bina, meh sari pait. Beunang oge eta cai laut teh diinum, tatapi kudu ditaheur heula, diarah kesangna : eta pagawean bangga pisan, sabab samemehna meunang kesang cai laut sabotol teh kudu meakkeun tempo jeung suluh loba kacida.

Kacaritakeun eta kasangsaraan kakurangan cai, beuki lila beuki banget bae, datang ka tungtungna geus aya satengahna urang kapal anu kalempohan, henteu barisaeun leumpang. Kacida pisan ngarep-ngarepna kana hujan teh, tapi henteu aya, kawantu harita mangsana katiga.

Waktu harita eta kapal rada deukeut ka basisir tanah Afrika, tatapi ku lantaran ombakna gede, Tuan Kapten henteu wantuneun ngiangkeun matros-matros anu rada calenghar keneh sina tarumpak sampan baris ngala cai, sabab inggis eta sampan kabantingkeun ku ombak kana karang, sarta tuluy kalebuh, kawantu didinya loba pisan karangna. Mun kajadian kitu teh, tangtu matak leuwih-leuwih susahna.

Dina hiji poe matros anu ngaran Mortier tea kakarandangan dina dek, rek neangan inumeun. Ku tina geus henteu tahan nyandangan sangsara halabhab, manehna nekad, tuluy nyokot timba, karepna arek ngala cai laut inumeun. Prak manehna nimba sakuat-kuat; sanggeus meunang, regot manehna nginum, tapi ................... aneh kacida, manehanana kageteun kabina-bina,

63