reh eta cai laut teh rasana meh sarua bae jeung Cai tawar. Saking | bungahna manehna gogorowokan, nyalukan baturna.
Kabeh urang kapal anu marasih keneh bisaeun nangtung atawa ngarandang, katut Tuan Kapten, mani ubyag nyalampeurkeun ka Mortier bari naranya kieu : ”Aya naon ? Aya naon?”
Ti dinya Mortier tuluy nerangkeun, yen manehna geus meunang cai laut anu beunang diinum, bari manehna nunjuk kana timba anu dieusi eta cai. Matros-matros kabeh pada ngaricipan. Enya bener saomongna Mortier teh, eta cai laut beunang diinum. Tuluy manehna ngarinum saeutik sewang tamba panas teuing tikoro. Sanggeus walatra ngarinumna, prak maranehanana narimba, tapi ajaib, cai beubeunanganana teh, rasana geus biasa deui bae asin sakumaha sasari.
Gancangna Tuan Kapten miwarang nurunkeun hiji sampan ka lautan, ditumpakan ku sababaraha matros, dipiwarang neangan cai laut anu beunang diinum tea.
Tuluy eta sampan dibaroseh lalaunan, matros-matrosna hantem nyariukan cai laut ku dampal leungeun, sarta tuluy diarasaan, tapi rasana teh pait molelel bae. Sampan beuki jauh bae ti kapal, geus watara saratus tumbak; ari kalakuanana matros-matros teh nyariukan cai laut bari tuluy diarasaan; lila-lila teh kapanggih eta cai laut anu beunang diinum teh, ger maranehanana salusurakan awahing ku bungah. Gancangna tahang-tahang wadah cai anu geus disadiakeun dina eta sampan kabeh diareusian, tuluy dibarawa balik deui, ka kapal.
Anu maraos ieu buku tangtu ngamaralum, sakumaha pisuka-bungaheunana eta urang kapal, barang mareunang deui cai anu beunang diinum; estu bagja pisan, pitulung ti Gusti anu Maha Agung.
Ari kateranganana anu matak di tengah eta lautan aya cai anu beunang diinum, kieu : eta kapal harita geus rada deukeut ka sisi basisir tanah Afrika. Di palebah dinya aya hiji Bangawan gede, ngaranna Bangawan Limpopo atawa Ori. Tayohna bae eta caina Bangawan sawareh kabawa ku alun-laut ka tengah, sarta henteu