pati pacampur teuing jeung cai laut anu baku.
Eta nya kasebut kawenehan oge, da arang-arang aya cai laut geus sakitu jauhna tina muarana, bet masih keneh beunang diinum; ari ku kitu tea mah, da puguh Gusti Allah teh leuwih-leuwih nya kawasana, upama aya kersana ngajait umatna tina sangsara, sakiceup oge geus jadi; nya geuning bukti pisan saperti anu geus dicaritakeun di luhur téa.
Sanggeus urang kapal jaragjag deui, tuluy eta kapal dibenerkeun ka palabuhan Delagoa, anu pernahna henteu pati jauh ti dinya. Ari perluna anu matak eta kapal eureun didinya, nya eta arek ngala heula cai tawar tulen keur bekel ti jalan nepi ka Kaapstad.
Sabot eta kapal balabuh di eta palabuhan Delagoa, Raden Ustama jeung Sarsan tea gunem-catur.
Sarsan ngomong bari nunjuk kana gunung-gunung anu katenjo tidinya ”Diditu aya tanah lega pisan tur lendo, legana tikel puluh ti pulo Jawa. Didinya loba pisan urang Walanda anu ngadon tatanen jeung ngingu sapi. Eta bangsa datangna kadinya ti Kaapstad; ari asalna dumeh teu sukaeun di bawah ku urang Inggris. Samemeh tahun 1795 eta nagara Kaapstad jeung tanah-tanah sakurilingna kabawah ku urang Walanda. Demi dina tahun 1795 eta nagara ditempuh sarta dijabel ku urang Inggris. Urang Walanda anu enggeus baruniaga didinya, tuluy nyaringkah ka pagunungan ngajauhan musuh : sawareh nyaringkahna teh aya anu kana lebakeun eta pagunungan. Didinya maranehanana marabakan, maruka tanah anu masih keneh suwung; moal boa engkena didinya bakal jadi nagara gede.”
Sanggeusna cai inumeun geus sadia sacukupna, eta kapal Britanye tuluy layar deui ti palabuhan Delagoa. Kagenep poena ti sabarang indit tidinya, kira wanci jam 6 isuk-isuk urang kapal ngadarenge sora mariem sababaraha kali ditebeh kidul, ciri aya kapal katiwasan. Gancang kapal Britanye dibenerkeun kana palebah eta sora mariem; heuleut tilu jam beh ti kajauhan aya haseup tembongna ngabelegedeg, tayohna bae kapal kahuru-