Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/82

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

kahuruan. Gancang kapal Britanye dibenerkeun ka palebah dinya. Ari sanggeusna deukeut, nya bener sapanyanana tea aya hiji kapal gedé nu kahuruan; layar-layarna jeung tali-talina geus beak, ngan kari tihangna bae ting lalenggenceng kasimbutan ku haseup. Jalma-jalmana harita geus narurunkeun sampan arek ninggalkeun eta kapal, tapi bet tambah-tambah bae cilakana teh, sabab kakara bae lima tumbak anggangna eta sampan-sampan teh tina kapal, karepna arek nyalampeurkeun ka kapal Britanye, ana geleger teh eta kapal anu kahuruan bitu. Paparabotanana jeung muatana-nana mancawura, rabeng ka awang-awang kawas gunung bitu bae.

Demi sampan-sampan tea kabeh kabalikeun ku tanaga cai laut. Sawareh aya oge anu ku sesemperan-sesemperan eta kapal tea; atuh taya naker anu walagri, jalma-jalmana kabeh titeuleum, sarta tuluy maraot.

Barang jedur kapal bitu, sarta jalma-jalmana geus tembong ting kerelep kana jero cai, urang kapal Britanye geus taraki-taki nurunkeun sampanna, arek narulungan, tatapi maranehna henteu waranieun ngadeukeutan, sarieuneun katinggang ku paku-paku, atawa papan-papan sesemperan anu pasuliwer-paselebrungan di awang-awang tea; ana ragrag teh ka cai sorana mani ting kalecebur, ting karecemplung, ting careos, estu matak risi pisan. Malah-malah loba seuneu anu ragragan kana kapal Britanye, ngaruksak layar-layar jeung tali-tali, meh katiwasan gede.

Upama eta anu arek narulungan, wani-wani ngadeukeutan ka eta kapal anu keur bitu tea, geus tangtu bae meunang cilaka gede, katinggang ku barang-barang anu harurung tea.

Aya hiji barang kabawa ku seuneu kaalungkeun ka awang-awang, gedena sagede munding, ninggang kana hiji sampan anu rek nyingkah; ana geblug teh, sapada harita, eta sampan teh katut eusina tilelep, teu nyesa saurang-urang acan anu hirup.

Aya deui hiji barang hurung gede anu kaalungkeun ku seuneu, ngalayang lalaunan di awang-awang, ninggang kana sampan anu sejen, anu keur aya satukangeun kapal. Jalma-jalmana eusi eta kapal ting karoceak marenta tulung, malum katindihan ku

66