Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/83

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

seuneu anu sakitu gedena, sarua bae jeung dibeuleum hirup-hirup; sawareh maraot dina sampan, sawareh deui ngarejat ngundungkeun maneh ka laut, tapi keneh-keneh bae maraot, sabab saluar awakna geus pinuh ku tapak seuneu.

Mungguh jalma anu nenjo kana kacilakaan anu sakitu gede- na, kari-kari manehna henteu werateun nulungan, pisakumahaeun bae ngahelasna, tah Raden Ustama oge mangsa harita teh nya kitu, ngan bati hawatos wungkul; maksad panteg kana nulungan teh, tapi ari kana prak mah geus taya petana jasa.

Sakuriling eta kapal anu bitu tea, pinuh lautan teh ku ruhak-ruhak, papan-papan, jeung rupa-rupa barang, paselang jeung mayit awewe-lalaki, kolot-budak, kabeh bangsa Eropa, geus henteu puguh rupana, aya nu sirahna remuk, dadana pejet, leu ngeunna jeung sukuna pites jeung sejen-sejenna deui, kabeh ngarambang kaumpal-umpal ku lambak.

Sanggeusna laut rada leler, jeung geus euweuh talawengkar anu pasulibrengan di awang-awang, matros-matros kapal Britanye nyalampeurkeun tina sampan ka jalma-jalma jeung barang-barang anu ngarambang tea; ngan hanjakal pisan ikhtiarna teh henteu hasil, sabab jalmajalmána anu ngarambang teh geus taya pisan tulunganeunana; aya oge hiji-hijjeun anu masih keneh engap-engapan, tapi teu sabaraha lilana, sanggeus diharanjatkeun kana sampan teh, tuluy bae maraot.

Geus kitu eta kapal Britanye tuluy layar deui sarta eusi kapalna pada sedih-prihatin, tina geus nyaraksian ku panonna pribadi kacilakaan anu sakitu gedena, katurug-turug maranehanana henteu barisaeun nulungan naon-naon, ngan wungkul maridangdam bae.

Kacaritakeun eta kapal Britanye lajuna gancang pisan, kasurung ku angin hade; jeung sanajan ombak beuki lila beuki gede oge, urang kapal taya nu bangun miris, sabab geus biasana lebah dinya lautanana kacida motahna.

Heuleut ima poe ti saentas manggih kapal kahuruan, angin beuki lila beuki gede, sarta lajuna kapal beuki gancang

67