Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/84

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

bae. Kabeh matros-matros taraki-taki bisi kadatangan angin ribut; layar-layarna sawareh geus digarulungkeun, tali-talina kabeh geus diparageuhan, paparabotanana anu aya di dek geus disaringkahkeun. Tapi barang poe isukna deui estu aneh kacida, eta angin teh les euweuh samasakali, cek paribasa taya pisan sakalieun sarat. Atuh urang kapal teh pek deui heheotan nangtang angin cara adatna sasari, tatapi weleh bae eta angin teh henteu datang, nepi ka tujuh poe lilana.

Barang kadalapan poena pasosore mimiti aya deui angin, eta kapal sedot maju deui, tarik kacida, dikira ku urang kapal dina jero lima poe deui oge, tangtu bakal datang ka Kaapstad. Tatapi eta angin beuki gede bae datang ka loba layar anu baredah, gancangna ku matros-matros digarulungkeun.

Teu lila gelebug datang angin gede pisan, layar anu masih meber keneh wok bedah, tali-talina but-bet paregat, tihang-tihang layar kabeh marelengkung, sorana ngahieng tarik pisan. Lila-lila eta tihang-tihang layar henteu karuateun nahan tanagana angin sakitu gedena, sanajan layar-layarna geus digarulungkeun oge; dorokdok pareunggas, kecebur ragrag ka laut katut palang-palangna jeung tali-talina sakabeh; untung bae henteu ninggang jalma.

Lambak-lambak laut anu ngadarupakan kana kapal kacida pisan galedena; atuh kapal teh gogolewangan ngencangatuhu, lir batok kapalidkeun dina walungan anu nuju caah bae.

Angin beuki lila beuki gede, sarta mindeng aya lambak ngarungkup kana kapal; sakur anu dina dek, kabeh kabawa ka laut, mani lenang kawas anu beunang nyapuan bae.

Tuan Kapten jeung saponggawana geus henteu puguh polahna, pada masing-masing nyarekel pageuh kana tambang-tambang anu galede, anu beunang nyangreudkeun pageuh kana tunggul-tunggulna tihang-kapal tea. Sorana angin mani geus henteu puguh dengekeunana, estu matak paur pisan. Katurug-turug mega di langit mani meded hideung, pating buraluk mundur-mandir ngetan-ngulon, ngaler-ngidul. Sakitu harita teh keur

68