caang pisan, nepi ka ngadak-ngdaka bae jadi poek, datang ka teu katenjo curuk-curuk acan.
Geus kitu aya lambak gede neumbag kana bobokong kapal. Korokok aya anu disada, semu aya anu potong atawa bejad; nya henteu salah, eta anu ngorokok teh kamudi; gagangna masih aya, tapi jejeberna mah geus euweuh, kabawa ku lambak. Tina kituna urang kapal maras-miris, sabab kapal geus taya kamudina; ari arek ngadadak nyieun lulumayanan geus taya petana, batan lautan sakitu keur motahna, jeung angin sakitu tarikna. Matros-matros kabeh geus henteu barisaeun. nangtung jejeg, meh-mehan kasered kh angin ka tengah laut.
Ari geus kitu katambah deui pibalaieun teh, nya eta kapal teh bocor. Gancang Tuan Kapten miwarang neangan eta tempatna anu bocor tea, tapi teu buru-buru kapanggih; tayohna bae eta. liang teh ayana di handapeun barang-barang momotan. Tilu jam lilana matros-matros teh hantem nareanganana, ari cai laut beuki lila beuki tambah bae, nepi ka geus meh saparapatna kakeueum ku cai.
Kabeneran sabot matros-matros nareangan eta liang, angin rada leler, langit cekas deui, ngan kari laut bae nu masih keneh motah teh, tapi ari lila-lila mah eta angin teh nya jadi sakumaha biasa deui bae; ngan papada kitu oge eta kapal lajuna kendor kacida, da ngan sakakabawana ku alun bae, nya eta. lantaran tihang-tihangna jeung layar-layar geus teu araya tea.
Kacaritakeun matros-matros nu nareangan liang tea, hantem bae teu eureun-eureun ngotektak. Kalah ku dihaben, nya lila-lila mah kapanggih, nya eta di handapeun barang-barang momotan bawa ti nagara Bombay. Tuluy ku maranehanana eta liang teh saakal-akal dicocokan nepi ka teu asup cai. Ari cai laut anu ngembeng di jero kapal, tuluy dikompa jeung ditarawuan, lilana meunang dua poe, kakara saat. Ari barang-barang muatan tea, kabeh ruksak: ku'cai laut, jeung taya petana kana gancang diberesihan, sabab loba keneh pagawean anu leuwih perlu tibatan eta. Tina kituna eta barang-barang teh dikarajeunkeun bae.