Mimitina urang kapal ngahareulakeun nyieun kamudi lulumayanan, tapi kitu oge seuseut jadi, sabab kurang bahan.
Ayeuna eta kapal geus bisa deui laju nurutkeun. sakahayangna Stuurman, nya ayeuna mah henteu solog-santog teuing cara keur euweuh kamudian, ngan teuing ku kendor, tina henteu make layar tea.
Harita urang kapal hantem ngarakalan nyieun tihang-layar lulumayanan kéur baris masang layar, tatapi susah kacida, ku tina taya kai anu rada panjang; aya oge kai anu panjang meueusan, anu diteundeun di jero kapal, tatapi geus bobo, sanajan ditangtungkeun oge percumah bae, malah matak tambah-tambah salempang, nya eta salempang peunggas ninggang ka jalma.
Kabeh urang kapal pada ngarepngarep, supaya gancang meunang pitulung, da harita geus rada deukeut ka palabuhan Kaapstad, tur ayana eta kapal teh di tempat anu sok mindeng kasorang ku sejen-sejen kapal; kabeh geus pada boga pangira, yen moal kungsi lila deui oge aya kapal sejen datang anu baris nulungan maranehanana.
Mangkuk opat poe ti saentas katarajang angin ribut, wanci jam genep isuk-isuk, urang kapal narangenan aya hiji kapal datang ti beulah kulon, tayohna bae kapal urang Sepanyol, da katara dina banderana. Gancang Tuan Kapten Britanye miwarang nyokot mariem anu aya di jero, da ari anu aya di dek mah geus tikunclung ka laut, basa aya tunggara gede tea. Gancangna mariem dibekasan sababaraha kali, nandakeun kapal meunang kacilakaan, sarta menta ditulungan.
Tayohna bae jalma-jalma di kapal anu katenjo teh geus nara ngenan ti tadina, yen aya kapal katarajang bahaya gede, da buktina ti samemeh mariem dibekasan oge, eta kapal teh majuna bari ngadeukeutan ka kapal Britanye. Barang geus padeukeut, pek Tuan Kapten nerangkeun ka urang Sepanyol, naon sababna anu matak meunang cilaka, sarta tuluy anjeunna mundut tulung, supaya kapalna dianteurkeun ka nagara Kaapstad. Eta urang Sepanyol henteu tálangke deui, tuluy bae nyanggupan.