Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/87

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Gancangna tunggul tihang kapal Britanye anu panghareupna jeung anu tengah dicangcangkeun kana tihang kapal Sepanyol anu tengalh jeung anu pangtukangna; sanggeusna kitu prak dicoba-coba kapal Britanye teh ditarik, nya kabawa oge; ngan hanjakal, harita anginna kurang tarik, jadi lajuna oge eta dua kapal teh kalendor pisan; katurug-turug eta tambang-tambang anu dipake ngagusur teh but-bet loba anu paregat, sabab geus rada barobo;batuh nya kapaksa eta kapal teh kudu eureun heula ngomean tambang-tambang anu paregat tea.

 Di kapal Britanye matros-matros gasik nangtungkeun tihang-layar pamere urang Sepanyol. Dina jero dua poe eta tihang teh geus gen nangtung, sarta diterapan layar katut tali-talina sacukupna. Atuh ayeuna eta dua kapal teh majuna nya rada garancang oge, ngan teu kaur balas eureun, sabab sok aya rante atawa tambang anu pegat, atawa lantaran karuksakan jaba ti eta, anu jadi halangan kana perjalanana. Dina jero lima poe eta dua kapal layarna ngabeyeyet pisan, tapi nya teu burung datang ka palabuhan Kaapstad.

 Didinya loba pisan urang Eropä anu baruniaga, sok komo ari bangsa Inggris mah; ari bangsa Walanda mah ngan saeutik, ku sabab nyaringkah' ka pagunungan tea, sakumaha anu geus dicaritakeun di luhur, nya eta nyingkiran pamarentahan urang Inggris.

 Kocapkeun Raden Ustama geus angkat ti kapal Britanye ka darat, torojogan ngajugjug ka gedongna Tuan Consul Walanda, arek nyanggakeun surat anu ti Kangjeng Tuan Raffles tea. Satutasna papariksa jeung ngadangukeun cariosanana Raden Ustama, Tuan Consul mariksa kieu : "Ayeuna kumaha pikarepeun maneh ?"

 Raden Ustama : "Maksad abdi ti dieu bade wangsul ka pulo Jawa,"

 Tuan Consul : "Weu, hanjakal pisan ! Kakara dua poe nepi ka ayeuna aya hiji kapal Walanda anu indit ti dieu, ka kapuloan India Wetan. Upama maneh datang ka dieu samemehna

71