eta kapal indit mah, tangtu maneh bisa numpang balik ka pulo Jawa. Ayeuna maneh kudu wayahna ngadagoan, gancang-gancangna satengah bulan deui, kakara aya kapal ti nagara Walanda anu bakal layar ka pulo Jawa. Kumaha maneh di dieu geus meunang panganjrekan?"
Raden Ustama: "Jisim abdi teu acan ka mana-mana, ti kapal teh lajeng ka dieu bae."
Tuan Consul: "Di dieu loba losmen-losrmen anu laleutik, panganjrekan matros-matros; ayeuna mah jig bae maneh geura neangan panganjrekan heula, upama geus manggih, maneh kudu unjukan ka kami, supaya mangke, di mana aya kapal Walanda datang ka dieu, sarta terus rek layar ka kapuloan India-Wetan, kami bisa gampang ngabejaan ka maneh."
Gancangna carita Raden Ustama geus angkat ti payuneun Tuan Consul, tuluy nyiar panganjrekan.
Watara sapal jauhna ti Consulaat (gedong Tuan Consul), aya tempat rada oge rame, loba toko-toko bangsa Eropa, losmen-losmen, gudang-gudang jeung jaba ti eta; barang daganganana rupa-rupa, nya cara di toko-toko di sejen-sejen nagara bae. Harita Raden Ustama geus mendak hiji losmen leutik panganjrekan matros-matros. Gancangna nya tuluy bae nempatkeun anjeun didinya.
Saban-saban poe anjeunna teu aya deui padamelanana, ngan anclong-anclongan bae mutermuter nagara, sarta remen ka palabuhan ngadongdon sugan aya kapal ti nagara Walanda anu arek layar ka India-Wetan. Geus tujuhwelas poe anjeunna ngarep-ngarep, panyaur ti Tuan Consul, tapi weleh bae henteu aya.
Kacaritakeun dina hiji isuk Raden Ustama kalunta-lunta angkat ngaler mapay-mapay jalan gede. Kira geus aya tilu pal jauhna ti sisi kota, anjeunna ningali hiji gedong alus pisan, di hareupna pinuh ku petakan-petakan dipelakan rupa-rupa kekembangan nu aralus. Raden Ustama resepeun pisan ningali eta patamanan, sumawonna kaha eta gedong; pek anjeunna nagarandeg lila pisan,