Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/89

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

bari ngawaskeun kana sagala tatangkalan jeung kekembangan nu araneh.

Henteu lila torojol aya hiji lalaki bangsa Takruni kaluar ti eta gedong ka jalan gede; tayohna bae eta jalma teh jongos, da katara dina papakeanana. Barang geus rada deukeut ka Raden Ustama, ku anjeunna dipariksa ku basa Inggris, kieu saurna : "Sobat! leu gedong saha anu kagungan, mana alus-alus teuing?"

Takruni : "leu gedong kagungan Tuan Elias, dunungan kaula, ari kaula jongosna."

Raden Ustama mariksa deui : "Tuan dunungan maneh teh kana naon padamelanana?"

Takruni: "Henteu didamel naon-naon, ngan kagungan ingon-ingon sapi bae, lobana kurang leuwih aya 1000 sapi; bareto anjeunna jadi Kapten balatantara perang di kapuloan India-Wetan, ayeuna geus mareman. Ari maneh anu ti mana, kawas anyar aya di dieu?"

Sabot eta Takruni ngomong kitu, tuan anu kagungan gedong teh sumping ka jalan gede, tuluy mariksa ka Raden Ustama, saurna: "Maneh kawas jalma anyar, urang mana maneh teh?"

Wangsul Raden Ustama : "Jisim kuring nembe dongkap ti Bombay; aya di dieu nembe tujuhwelas dinten."

Tuan Elias : "Kapal anu ditumpakan ku maneh naon ngaranna?"

Raden Ustama : "Britanye!"

Tuan Elias barang ngadangu ngaranna eta kapal kitu, sajongjongan mah ngahuleng bae, bari mencrong ka Raden Ustama; pok anjeunna sasauran deui : "Kami kamari meunang beja, majah eta kapal anu ngaran kitu teh datangna ka Kaapstad ditungtun ku kapal Sepanyol, sabab tihang-tihangna peunggas katarajang angin ribut; nya eta tea kitu anu ditumpakan ku maneh teh?"

Raden Ustama : "Sumuhun, nya eta pisan, cocog sapangan-

73