dika Tuan."
Waktu harita keur nuju panas ereng-erengan; Tuan Elias henteu tahaneun ku panas, tuluy ngajak ka Raden Ustama ka gedongna di tukang; kieu sauna : "Coba maneh eureun heula di gedong kami, ngareureuhkeun cape, jeung kami hayang ngadenge laku-lampahna eta kapal Britanye."
Geus kitu Tuan Elias tuluy asup ka gedongna, diiring ku Raden Ustama. Anjeunna calik dina korsi, ari Raden Ustama calik mando dina palester diamparan ku samak. Di dinya Tuan Elias miwarang cacarios ka Raden Ustama ti mimiti angkat ti Bombay nepi ka Kaapstad. Gancangna Raden Ustama cacarios, ditetek satincakpolahna sakur anu kalampahan diantara Bombay jeung Kaapstad. Eta Tuan Elias ngadangukeunana saregep pisan; dina palebah nyarioskeun anu matak sedih, anjeunna cumalimba semu anu nalangsa; sumawonna lebah Raden Ustama nyarioskeun kapal kahuruan mah, serta jalma-jalmana kabeh pada maraot katinggang ku seuneu hurung, anjeunna teh katara pisan pang sediheunana teh; mastakana henteu eureun-eureun gogodeg, bari sasauran kieu : "Aduh, karunya teuing! Karunya teuing!"
Sajeroning cacarios, Raden Ustama disuguhan cai kopi jeung cisusu, rupa-rupa kueh dina keler, jeung surutu. Ari anu ngaladenan hiji awewe bangsa Takruni, kira umur duapuluh tahun, rupana manis, sanajan hideung cakeutreuk oge, ari papakeanana mah beresih.
Sanggeusna kitu Tuan Elias mariksa deui ka Raden Ustama : "Anu matak maneh datang ka dieu, arek naon nya maksud?"
Raden Ustama : "Upami aya kapal Walanda anu ti Eropa liren di dieu, jisim kuring bade numpang teras layar ka pulo Jawa."
Tuan Elias: "Maneh henteu balik deui ka Bombay, ka lemah-cai sorangan? Arek ngala naon maneh los-los ka pulo Jawa?"