Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/91

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Raden Ustama : "Lemah cai jisim kuring sanes di Bombay; kuring mah saestuna urang pulo Jawa; aya soteh di Bombay ngiring Kangjeng Tuan Raffles, tilas Luitenant Gupernur di India-Wetan,"

Barang ngadangu saurna Raden Ustama kitu. Tuan Elias teh ngahuleng semu aya anu dimanahan; lila-lila tuluy anjeunna sasauran kieu : "Bareto geus tujuh tahun nepi ka ayeuna, kami geus ngumbara di pulo Jawa lima tahun lilana, jadi Kapten. Ari maneh di pulo Jawa na teh urang mana? Lain urang Batawi?"

Raden Ustama : "Sanes, kuring mah awit ti Bandung."

Tuan Elias : "Waktu Kangieng Tuan Gupernur Jendral Daendels anyaran ngadamel jalan gede anu sapanjangna pulo Jawa tea kami enggeus nyaba ka bawahan Bandung bari ngaronda jalan."

Raden Ustama : "Jisim kuring ayeuna emut, kapengker nalika ngiring Kangjeng Dalem Bandung angkat ngaronda jalan anyar, harita Kangjeng Dalem patepang sareng hiji Kapten, jenenganana Tuan Elias; eta Tuan ku jisim kuring parantos ditulungan tina bahaya, nalika anjeunna geubis tina kuda.

Tuan Eias sasauran bari gumujeng : "Ha, enya! Ayeuna kami oge inget ka maneh! Ngaran maneh teh Raden Ustama, nya ? Bagea teuing, euy! Naha bet teů nyana teuing kana rek pipanggiheun deui jeung maneh; kami pangling, sabab maneh ayeuna make-make cara urang Malayu, jeung bisa ngomong basa Inggris bentes; hamo aya anu ngira yen maneh urang Priangan. Eh, naon sababna anu matak maneh sasab ka Bombay ?"

Derekdek Raden Ustama nyarioskeun lalampahanana, ti mimiti ngiring Kangjeng Dalem Bandung ka Batawi, nepi ka ngiring Kangjeng Tuan Rafles ka nagara Bombay.

Saur Tuan Elias: "Weu, nya panjang eta lalampahan maneh teh, Sabot aya di dieu manch ayeuna montong nganjrek di mana-mana, di dieu bae di gedong kami, da di tukang loba gedong anu karosong."

Raden Ustama : "Weu, atuh nuhun rebu-rebu nuhun, aya

75