Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/92

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

panyambat Tuan sakitu ka diri jisim kuring anu sakieu keur kasangsarana."

Ti waktu harita Raden Ustama tetep nganjrek di gedongna Tuan Elias, sarta unjukan ka Tuan Consul yen anjeunna geus ngalih pangajrekan.

Eta Tuan Elias henteu kagungan nyonya, nyalira bae, sabab nyonyana geus pupus di nagri Walanda, waktu anjeunna keur aya di pulo Jawa, ti eta nyonya anjeunna kagungan hiji putra pameget, mangsa harita keur sakola keneh di Amsterdam.

Kacaritakeun rencangna Tuan Elias kabehna aya 10 jalma; eta kabeh jalma beunang ngagaleuh anjeunna, kawantu mangsa harita lumbrah keneh meulian jalma. Eta rencang-rencangna teh garetol pisan digarawena, ku tina ngarasa jadi banda mutlak dununganana. Tatapi sanajan jalma beulian oge eta rencang-rencangna teh ku anjeunna henteu dihina-hina, dipaparin teda-pake sacukupna, kitu deui keur jajanna saban minggu ngocor, jeung meunang sakarep-karep nyaraba ka mana-mana piligenti, asal maranehna taremen-wekel kana gawe bae. Tina kituna eta jalma-jalma beulian teh arasiheun pisan ka anjeunna, saperti anak ka bapa bae.

Jaba ti ku rencang-rencangna, anu maratuh di gedong, eta Tuan Elias teh dipikaasih oge ku sakabeh jalma anu maratuh di tegal pangangonan sapi kagunganana tea. Eta oge kabeh jalma beunang ngagaleuhan anjeunna, kabehna kurang leuwih aya lima puluh jiwa.

Saliana kahadean anu kasebut di luhur bieu, eta Tuan Elias kersa pisan tutulung, boh ku duit, boh ku papatah, bohku naon bae ka sakur jalma urang dinya, geus henteu pilih bangsa. Unggal poe sok loba jalma kaluar - asup ka gedongna, sumawonna dina poe Ahad mah, pirang-pirang naker anu jajaluk awewe-lalaki kolot-budak, sarta kabeh pada narampa pangasihna Tuan Elias, enya oge henteu loba, tatapi cukup diteda sapoe-poe-eun mah.

Tah eta estu cocog pisan, mungguh kalakuanana jalma beung-

76