Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/93

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

har teh kudu kitu. Lain cara nu loba, boga kasugihan teh bet sok arowel pisan mere-maweh ka anu malarat, atawa embung nulung ka makhiuk anu eukeur butuh. Enya pisan ari mungguh jelema teh kudu perecit ipilipil samemeh boga, tatapi upama geus beunghar mah perlu oge ngaluarkeun sabągian leutik tina babandaanana ajang fakir-miskin, sabab upama eta si malarat ku anu sugih henteu diparosea, arek ku saha atuh ditulunganana ? Eta ku sarerea perlu oge dipikir panjang.

 Kacaritakeun barang Raden Ustama geus tetep linggih di gedongna Tuan Elias, padamelanana saban poe nulung nyerat, sabab eta Tuan Elias loba naker padamelanạna seseratan, kawantu kagungan langganan susu jeung daging meh sanagara Kaapstad.

 Dina hiji waktu Raden Ustama sasauran ka si Kunrad, jongosna Tuan Elias tea, kieu mimitina : "Kunrad, ari maneh satadina asal ti mana?"

 Jawab si Kunrad : "Kaula asal ti pagunungan; indung-bapa kaula geus maraot waktu perang jeung urang Sepanyol; ayeuna kaula aya di dieu geus leuwih ti dalapan tahun."

 Raden Ustama : "Kumaha sababna nu matak maneh aya di dieu, ngawula ka Tuan Elias?"

 Kunrad : "Waktu kaula keur aya di lemah-cai sorangan, dina hji waktu bangsa kaula diperangan ku, urang Sepanyol; mimitina; urang Sepanyol maraksa ka. bangsa kaula, nitah taluk ka maranehanana, tatapi kapala bangsa kaula jeung sabatur-batur kabeh narolak kana eta pamenta. Ku tina kituna ger perang rame pisan, nepi ka tilu bulan lilana, lawan jeung musuh beak pirang-pirang jiwa, Bangsa kaula taya pisan karisina. Ari gagamanna ngan wungkul panah, tumbak, bandring jeung pedang bae. Ti kajauhan perangna mnetakeun panah jeung bandring: ari geus campuh mah, marake tumbak jeung pedang. Saparat-parat jalan batur batur narajang ka musuh teh nyariclikan, ting jarungkel keuna ku pelor urang Sepanyol. Eta nu raraheut henteu ditarolih; bangsa kaula terus bae narajangna, wawanenna henteu kurang, malah

77