tambah-tambah ambek. Tatapi ku tina eleh parabot, nya eta teu boga bedil jeung mariem, lila-lila mah bangsa kaula teh nya eleh perangna. Upama eta musuh henteu barogaeun bedil jeung mariem mah, nya duka saha anu pimeunangeun perang teh."
Raden Ustama: "Sanggeusna eleh perangna, dikumahakeun bangsa maneh teh ku urang Sepanyol ?"
Kunrad "Batur-batur kaula awewe-lalaki kolot-budak kabeh dibaranda, kira aya 1500 jalma. Eta jalma anu sakitu lobana teh tuluy diarasupkeun kana lima kapal, arek dijuwal ka nagara-nagara anu jauh. Ari kaula jeung 300 batur-batur boyongan dimomotkeun kana hiji kapal leutik, bejana mah baris dijual di tanah Amerika.
Kaula geus henteu bisa nyaritakeun deui bab kasusahanana jeung lara-masakatna waktu aya di kapal, ku tina teda ngan dibere saeutik pisan, sakadar ngan ulah nepi ka pach langlayeuseun bae; jeung sabatur-batur henteu meunang pabarencay, kudu pagugulung dina hiji tempat bae, rupana badis kandang satohewan; diuk-nangtung hees jeung baranghakan salilana pagegeye jeung pada batur. Tilu bulan lilana eta kapal aya di lautan, kakara jol datang ka tanah Amerika kidul, di basisir Brasili. Didinya kaula jeung kabeh batur-batur dijarual ka hiji tuan tanah bangsa Sepanyol. Didinya kaula kakara dibere teda sacukupna, jeung dipiara hade-hade sarta sandangan pageuh, dipernahkeun dina jero hiji imah kai gede tur luhur, palataranana dikubeng ku pager kai, santosa pisan, taya petana kaula pibisaeun minggat, tina dijaga dihade-hade pisan. Dina jero 15 poe kaula sabatur-batur hantem bae dilalintuhan kawas kana sapi anu arek dipeuncit. Barang kagenepwelas poena tuluy kaula sabatur-batur diparentah macul di kebon, kitu bae unggal-unggal poe, ti jam 6 isuk-isuk nepi ka jam 12 tengah-poe; geus kitu eureun sajam keur dadaharan; jam 1 prak deui digawe nepi ka jam 6 sore. Salilana digawe estu tara pisan meleng, kudu terus ngadukduk bae, cengkat-cengkat ari geus nepi kana mangsana eureun. Upama aya anu wani-wani ngalangeu, eureun sakeudeung henteu ngulangkeun pacul, sok jebrod bae dirangket. Eta pagawean beurat kacida; keur kitu teh