Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/95

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

mangke sorena sok digawekeun deui, naon bae, anu sakira beunang dipigawe ku jalma beulian; kakara meunang eureun, upama geus pukul 11 peuting.

 Tempo-tempo keur digawe di kebon, sok aya batur anu minggat, der dikepung ku anu ngajaraga, cara ngepung bagong bae. Upama kacekel deui, weu! Eta estu cilaka pisan, dirangket satengah paeh, tuluy digawekeun leuwih tibatan sasari, sarta sukuna sabeulah dirante, dibeungbeuratan ku beusi anu beuratna kira aya 25 pon; jadi upama arek leumpang pindah pagawean, atawa datang jeung balik ti pagawean teh kudu bari mamanggul beusi; eta kitu teh lilana tilu bulan.

 Upama aya jalma-beulian minggat sarta henteu kacekel poe harita, isukna sok dianjingan; ari aturanana kieu: Tuan tanah kagungan sababaraha anjing galede, anu ngabaku paragi moro jalma beulian anu maringgat. Mimitina eta anjing-anjing teh sina ngarambeuan heula papakeanana anu minggat tea, atawa naon bae anu aya di pondokna; geus kitu tuluy dituduhkeun kana tapak-tapakna. Tuluy eta anjing-anjing teh nyusud. Upama anu minggat tea geus kapanggih, jegog digarogogan, keweweng ku anjing-anjing teh dipanting. Atuh anu nyarusul teh garampangeun pisan nangkepna, ku tina ditulung ku anjing-anjing tea.

 Barang kaula geus dua tahun lilana nyandangan jadi jalmabeulian, kaula meh henteu kuat hirup, tina sakitu sangsarana; jol bae boga pikiran arek minggat, susuganan aya bagja, bisa lesot tina eta bahya.

 Dina hiji sore wanci jam lima, kaula nuju digawe dina tegal eurih, ngunjalan tatangkalan beunang nuaran. Harita anu ngajaga rada jauh ti kula, keur marentah ka batur meungkeutan regang-regang kai. Deregdeg kaula lumpat purat-perot asup ka nu bala pisan; lilana lumpat kira-kira meunang satengah jam. Henteu kungsi lila kaula ngadenge sora anjing; tuluy kaula lumpat deui kana deukeut tempat digawe tadi tea sababaraha kali ngalangkah kana tapak tadi, ari anu dipalar, supaya eta anjing-anjing nyarusudna kalangsu. Geus kitu kaula manggih hiji tangkal kai bangsa jambe, luhureunna kira-kira aya sapuluh meter; terekel kaula naek

Carios Raden Ustama 6

79