Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/96

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

kadinya sarta nyumput dina sela-sela barangbangna. Ari jalman nu nyarusul tea kebat ngajarauhan; ngan aya hiji anjing anu nyusud kana tangkal anu keur dipake nyumput ku kaula tea. Eta anjing terus umba-ambeu kana tangkal kai teh, jegog ngagogog jeung babaung, nyahoeun yen kaula aya di luhur eta kai. Kaula banget nya keuheul ka eta anjing, sabab geus tangtu anjing-anjing anu sejen bakal nyalampeurkeun ka dinya. Harita kaula dadaulatan arek turun, seja maehan eta anjing, tatapi henteu tulus, sabab kaburu daratang manten anjing-anjing anu sejen, bari babaung taranggah kana eta luhut kai.

 Weu! Coba pikir, sakumaha pisusaheunana hate kaula waktu aya di puncakna eta kai, hamo aya papadana bae. Satadina kaula boga pangharepan kana salamet diri, kari-kari di handap bet ditarungguan ku pirang-pirang anjing, taya petana bae kana pibisaeun ngejat deui.

 Harita geus wanci jam 7 sore; anjing beuki rame bae babaungna; henteu lila torojol anu nyarusul, arulak-ilik ka kenca jeung ka katuhu, teu barogaeun sangka, yen kaula aya di luhureunana. Barang maranehanana geus wareleheun nareanganana, angkohanana arek baralik, tatapi harita aya hiji anjing cacakar kana eta tangkal kai bari sesegor jeung ungsrak-ingsreuk. Barang narangenan kana kalakuanana eta anjing kitu, jalma anu limaan teh kakara ngahalartieun, yen kaula aya dina puncakna eta kai. Tuluy maranehna galegeroan, pokna : "Ha, ayeuna urang ngaharti! Geuning itu di uhur kai jalma anu minggat teh! Hayoh turun! Hayoh turun!"

 Barang kaula ngadenge eta omonganana jalmajalma kitu, kula mani geus teu puguh rasa, kesang rembes tina sabulu-bulu, tetenjoan ngadadak poek kawas anu disamber ku gelap bae. Eta jalma-jalma hantem bae naritah turun ka kaula, tatapi, ku kaula henteu diwaro; kula cicing bae ngahephep di luhur, nepi ka sapeuting jeput, di handap kumpul nu narungguan, bari teu eureun-eureun nyarekan ka kaula, jeung ngancam-ngancam arek mae

 Isukna, isuk-isuk, torojol Upziener jalma-beulian datang

80