ka handapeun kai. Ari ret teh manehna nenjo ka kaula, manehna gogodeg, barina ngomong kieu : ”Hayoh maneh geura turun! Upama henteu daek, ieu kai arek dituar, geus pa maneh modar kabawa runtuh!”
Ari jawab kaula : ”Kaula moal turun, sabab sieun dikaniaya, leuwih suka kaula paeh kabawa runtuh bae, jeung saga paeh disangsara.”
Ceuk Opziener : ”Moal dikua-kieu, ngan bakak meunang hukuman sakumaha biasa anu minggat bae!”
Geus kitu kaula tuluy turun lalaunan, nyorodotkeun maneh. Barang kaula geus,rada deukeut kana taneuh, jalma anu nungguan kula sapeuting jeput teh gancang nyampeurkeun, bek-bek neunggeulan kaula ku iteukna sababaraha kali. Bakating ku nyeri, kaula tuluy ngaragragkeun maneh bari hantem diperekpek ku paneunggeul, nepi ka kaula peperengkelan ku bawaning nyeri, jeung teu eureun-eureun sasambat jeung totobatan, tatapi ku manehna teu diwaro, anggur beuki bedas bae neunggeulanana, nepi ka les bae kaula kapaehan ...............!
Ari tas inget deui KAN bet geus aya di aa pamondokan sasari, suku duanana geus dirante, jeung make dibeungbeuratan beusi, dibere teda ngan saukur bubur jeung cai bae, sapoena dua kali.
Sapuluh poe lilana kaula ngaringkuk bae gering, saluar awak geuneuk, rarasaan satulang-tulang remuk, pipikiran malaweung, dedengean ting harieng, datangka kaula harita boga rasa yen tangtu bakal gancang paeh atawa jadi edan.
Lila ti lila kaula bet cageur deui, tuluy digawe deui cara sasari di kebon; tatapi satincak salengkah teh kudu mamanggul beungbeurat beusi tea bae, atuh digawe oge henteu bisa jongjon, tina teu kaur balas mindah-mindahkeun bangbaluh, da ari digusur mah taya petana, tina sakitu beuratna, teu kasered ku suku.
Barang geus meunang tilu bulan leuwih kaula nyandangan eta siksaan, dina hiji waktu kaula digiring jeung 150 batur pada