jalma-beulian, dimomotkeun kana jero hiji kapal, tapi teu nyaho baris diiangkeun ka mana ka manana mah. Salilana aya di jero eta kapal kaula jeung batur-batur, pirang-pirang nya nandangan sangsara. Kabeh jalma-beulian rupana geus cara rorongkong bae, ku tina dikurangan dahar. Tina geus henteu kuat nandangan kasangsaraan anu sakitu bangetna, kaula geus gilig pisan nya hate, boga karep arek ngunclungkeun maneh ka laut, supaya buru-buru paeh. Tatapi kaula weleh bae henteu bisa manggih akal, sangkan kaula bisa rumingkang ka sisi kapal, geusan luncat ka laut, sabab kabeh jalma-beulian salilana ngan dikerem di jero kapal bae, arang-arang meunang nyeunghap kana dek.
Barang geus meh opat bulan nya lalayaran, eta kapal balabuh dina hiji palabuhan, ngan kaula teu nyaho palabuhan mana, da kaula harita geus henteu maduli kana naon-naon, ngan wungkul boga maksud arek paeh bae, supaya geura lesot tina kasangsaraan dunya.
Dina hiji peuting wanci jam 11, keur masih keneh eureun di eta palabuhan, kaula manggih akal kaluar tina jero kereman, terus unggah kana dek; kabeneran taya anu nangenan. Barang nepi ka sisi kapal, tuluy kaula dangdan arek ngunclungkeun maneh tea. Samemehna gajleng luncat, kaula ngareret heula ka madhab papat, geus kitu tanggah ka langit nenjo kana bentang-bentang, baranang jeung ngarenclong cahayana. Kaula ngomong sajeroning ati ”Duh dunya, kaula pamit arek balik ka jaman kalanggengan; ngan nepi ka saat ieu kaula hirup teh, sakeudeung deui oge kaula paeh, awak kaula bakal jadi parab lauk cueut.”
Geus kitu kaula tuluy peureum, gajleng luncat ka laut, ngeng katorekan, sabab ceuli, irung jeung sungut kaeusian cai; les kaula henteu inget, yen kaula keur ngambah jalan balik, tegesna balik kana jaman kalanggengan ...........”
Barang geus nepi ka dinya nyaritana, si Kunrad ngahuleng sajongjongan, semu aya anu dipikiran. Tuluy ku Raden Ustama digebah, saurna : ”Wah Kunrad! Boa maneh boga rasa aya di akherat! Eta salah, euy! Maneh ayeuna masih keneh aya di dunya,