Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/99

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

masih keneh beuki kejo paparin Tuan Elias.”

 Si Kunrad ngarenjag, terus cacarita deui : ”Wau, tetela ayeuna kaula tacan' paeh. Kaula ngahuleng teh, nya'eta mikiran lampah manusa, bet aneh kacida; estu tetela naker jalma teh kabisana ngan lalamunan jeung susuganan; sagala maksudna tara jadi, iwal kalawan ti kersana Gusti Allah, nu leuwih kawasa di dunya jeung di akherat. Geura eta saperti lalampahan kaula estu ajaib pisan. Kaula henteu nyaho sabaraha lilana nya aya di jero laut, bet geus ras bae inget, jeung nyaho yen jasad kaula teh keur diayun-ayunkeun ku lambak, sarta kaula harita ngarasa tiris kacida Mata kaula dumadakan beunta, ret: nenjo ka langit, bentang- bentang baranang ting kariceup, semu anu ngaromong kieu ka kaula : ”Kunrad! Maneh montong tulus hayang paeh teh, geura ieu ku maneh tenjo, di dunya teh sakieu uresemnah Naha maneh henteu kabita?”

 Kaula harita bet jorojoy hayang hirup djan tina kaula boga rasa masih keneh ngora, sugan pipanjangeun keneh nya lalakon. Ti dinya pek kaula gegeroan sataker tenaga : ”Tulung! Kuring tikunclung!”

 Harita kaula ngambang teh henteu jauh ti kapal. Sora kaula kadengeeun ku urang kapal, sarta henteu kungsi lila jol aya sampan nyampeurkeun ka palebah kaula. Gancangna carita harita kaula geus katulungan, tuluy dibawa ka'kapal. Didinya kaula dipariksa ku Tuan. Kapten sabab-sababna nu matak tikunclung. Pok kaula unjukan ka anjeunna nerangkeun maneh, yen kaula satemen-temenna lain tikunclung, tatapi ngahaja ngunclungkeun maneh seja paeh titeuleum, ku tina geus henteu kuat nandangan kasangsaraan sajeroning jadi jelema-beulian. Nya kitu deui ku kaula diterangkeun bae samasakali naon sababna anu matak kaula gegeroan menta tulung, nya eta ku tina ngarasa tiris, jeung boga rasa kapincut deui ku alam dunya, cara sakumaha anu hji: dicaritakeun tadi tea.

 Kabeh jalma sakur anu geus. ngadenge caritaan kaula kitu, pada saleuseurian ngareunaheun pisan, nya teu-matak heran,

83