diteundeun na hanjuang siang
paranti nyolot ninggalkeun
paranti nunda alaeun
paranti neundeun sampeureun
katunda menak anu nuju tapa
dina handapeun tangkal kai
kiara jingkang dopang malang
nyumponan pamundut anu geulis
ana seug diteundeun dina handeuleum sieum
diteundeun dina hanjuang siang
paranti nyokot ninggalkeun
paranti nunda alaeun
paranti neundeun sampeureun
nêda agung nya paralun
panjang pangampura
luluhur ka nu tujuh ratu
bisina kuring nempuh luput
manggih pamali
mêndakan doraka nyorang salah
pacuan ulah rek katulah
ucap lampah jeung pamolah
Sumawonten ti Gusti Allah
ti Allah ti Rasulullah
ti gusti ti para nabi
ti sahabat ti para malaikat
ti wali ti mu'min
titip diri sangsang badan
bubuhan nu kumawula
ngawula ka nu dikawulaan
anjing beureum saba leuweung
cag urang ecagkeun
anjing leutik sisi cilaso
cik diteundeun heula sakeudeung
sakala kapeung
pepes kesang urang maju deui
gulusur tedun ti manggung
Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/100
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
99