Lompat ke isi

Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/101

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

sakurincang pasir batang
pasir batang anu girangan
eh rindu kasih abdul kancana herang
dangukeun sora êngkang
masing urang jeujeuhkeun
diajar dina masing hejo lembok lalakonna ab
masing rambay caritana
ngembat aturanana
lulus kalakuanana
ana seug lauk situ gepeng hulu
kasampeur kasenggang hideung
kaparel kaperelekeun
mun calik aya di mendi
mun tapa aya di mana
wêkasan di dinya keneh

sigêg ayeuna anu dicarita naeta
nyaritakeun nagara Pakuan Pajajaran
nu jadi raja Pangeran Banyak Wedi
Ciung Manara Aria Rangga Sunten
Perbu Ratu Galuh

kocap putra anu kadua, nyaeta
Jenengan ratu Sungging Gilang Mantri
seke senggeh Langga Lawe Aria Mangku Nagara
sêlêwing kabantun angin
sêlêntang kabawa beja
yen di Nagara Kuta Tandingan
nu geulis punjul ti deungeun
Agan Sumur Agung
atuh tina kituna linggih di Kanoman
mangkat ngadeuheus ka kangjeng rama
yen baris maksud ngalamar
ka Kuta Tandingan

gandeung menak anu gandang
hariring mah mantri nu ginding
ti katuhu tanding ratu
ti kenca tanding dewata
daweung ngabudi dayeuh

100