Lompat ke isi

Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/103

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

geuning teu ngagugu ka ama
bisi êngke ujang nêmahan bahaya
ai mêlanggar carita kolot teh kumaha
lain pakeun lalawora
hanteu hade kabina-bina, ujang“

kocap putra tuluy bae unjuk hatur
ka kangjêng rama
mangkat mulang ka Kanoman

gandeuang mah menak anu gandang
hariring mah mantri nu ginding!
sora milawung kancana
ti katuhu tanding ratu
ti kenca tanding dewata
ti kenca tanding dewata
tungkul satarimbang sêmu
tanggah satarimbang sêmbah
daweung menak ngabudi dayeuh
jauhna urang cundukkeun
anggang urang datangkeun
jag lantung
sumping geuning ka Kanoman
cat unggah gek calik

atuh tina kituna
beurang kasambut ku peuting
reup peuting raden teu kêrsa kulêm

ngageremet bae Linget bae ka nu geulis
ngan ku nu jantên rama teu dirêmpugan
dicaram sasatna ku nu jadi rama
ngan hate keukeuh
ana kasep teu kêrsa kulêm
keadaan ku nu geulis Agan Sumur Agung

tengah peuting awêng-awêng
Ratu Sungging Gilang Mantri
seke senggeh Langga Lawe Ari Mangku Nagara
lolos ti lebeting pancaniti
mangkat ti Kanoman

102