Lompat ke isi

Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/109

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Ratu Agung Pamuhunan
jadi raja di Kahiangan
ningali ka kolong langit alam dunya
putra anu nuju disiksa
di Kuta Haralang
Budak Manjor sareng pun Gênjru
atuh Budak Manjor anu diruang kerepes
Gênjru anu ngempul bae saban poe
nutu dirante beusi
sinareng ningali deui yen
putra Menak Pakuan Pajajaran
anu kasep ngangkleung di Lautan Sagara
tina kituna yen Pangeran Sunan Ambu
putra dikirim seratan tan katingalan

“euh, Budak Manjor!
peura bijil tinu ruangan, sep!
tulungan putra menak Pajajaran
tuh ngangkleung di Lautan Sagara
jait tina balai angkat tina pancabaya
kalawan maneh lamun geus salamet
Kudu kumawula
atuh renjag Budak Major yen
anu diruang kerepes di Kuta Haralang
tina kituna yen
tuluy bae mêbêskeun harigu nyodor
nu sadeupa midêr tea
blês! nêrus bumi
nyuruwuk bae kawas kapal kêduk
mani nyerepet bae yen nêrus bumi
barang bijil ti sisi basisir Lautan Sagara
seblak katingali yen putra menak Pajajaran
nuju ngangkleung di Lautan Sagara

luncat Budak Manjor ti sisi basisir ka lautan
jleng! kêcêbur tuluy ngojay

kêrsa nulungan menak Pajajaran tea
ana keur ngojay cênah kêmbang beureum

soloyong asoy-asoyan

108