Lompat ke isi

Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/110

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

kêmbang beureum anu bareureum
kêmbang bodas nu barodas
soloyong asoy-asoyan

kêmbang beureum buah hideung
pikir kuring nyaliara
kêmbang beureum nu bareureum

kembang bodas buah bunder
nya hate bati ngadêruk
kêmbang beureum nu bareureum

sasawi jadi di cai
sadalah dikumahakeun
soloyong asoy-asoyan

atuh ngojayna geus nêpi ka palêbah
menak anu nuju ngangkleung di Lautan Sagara
tina kituna
ti tengah surungkeun ka sini
ku Budak Manjor
nyurungkuy bae
barang nêpi ka sisi
angkilkeun ku harigu nyodor sadeupa midêr
lar jlêg! gubrag!
lungsar di sisi kikisik Lautan Sagara'raden
atuh tina kituna yen Budak Manjor nyandak jimat
Cupu Manik Astagina
eusina banyu panghurip
anu seungit taya papadana
seungit taya kuciwana
seungitna ge ibarat Kembang Wijaya Kusumah
nu pangseungitna sapulo Jawa
barang kaambeuna bau dedes bau rase
bau menyan kawalagar
kuriling tujuh kuriling
mêpêt bayu tilu lengkah
cundukkeun ti kidul bayuna

109