putra Gajah Ngambung Giwang Rarang
nu kasep Kuda Pamekas
ari kula maksa mirusa
lantaran keukeuh hayang ka nu geulis
kitu tah sababna mah
ayeuna lamun awak maneh baris kumawula mah
naha hira-kirana sanggup meunangkeun pêrkara anu geulis
eta Agan Sumur Agung?”
“den, abdi baris condong ka papagon
lêmpêng ka subaya sapangiring pangêrsa
sanggem abdi ngengingkeun
perkawis anu geulis Agan Sumur Agung”
“sukur Budak Manjor!”
atuh mangkat ti sisi basisir lautan
taden sinareng Budak Manjor
gek calik dina catang raden
"man dagoan di dieu
beunangkeun pêrkara eta
anu geulis Agan Sumur Agung”
“sumangga gusti
nyuhunkeun pidu’a agan”
"man didu’akeun
sing tinêkanan hasil pamaksudan
bisa meunangkeun anu geulis Sumur Agung
geus beunang bawa ka dieu, nya!”
"ngiringan, den”
atuh mangkat Budak Manjor
ngajugjug Nagara Kuta Tandingan tea
lugay tina pangligaran
gingsir tina pangcalikan
kikitrikan patra gading, eh
tatahan patra komala
ngagurat ka tanah
palêbah nu ulun kumawula
nyorang leuweungna mah mani sakeukeudeung
nyorang lêbak sabengbatan
Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/112
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
111