nyorang lêbak sabengbatan
tanding pitik parulang mandi
tanding paok moro bojong
tanding ciung moro ka gunung
moro pangrungrunganana
tanding walik pateuh pingping
pateuh pingping moro pasir
kadanca megat raratan, sugan
beuki jauh beuki jauh mangkatna teh
atuh jag lantung
nepi ka tapel wates Nagara Kuta Tandingan
atuh gek calik
raden mikir sajêroning atina
ngamanahna sarêng salira
ngemut ka jero kalbu
kuma piakaleunana
sangkan laukna beunang caina herang
atuh tina kituna yen Budak Manjor
ngabijilkeun hawa panas
atuh mani guyur tagiwur ear sanagara
urang Kuta Tandingan
"naha ieu hawa beda ti misti
paranas kieu, euy!”
"kunaon ubarna?”
"ah, mandi euy!”
atuh tingkoloyong tingkalêcêbur
nu ka walungan nu ka pancuran
teu kuat ku hawa panas
urang Kuta Tandingan teh
Sigeug ayeuna anu dicarita
anu geulis Agan Sumur Agung
nuju ngemprang neupa di Bale Bubut
teu kuat ku hawa Danas
cikaringêt mani ngorolok
kêrsa palay cebor ka jamban larangan
parantos ngajiad ngaluarkeun hawa panas
Budak Manjor blus ka jamban larangan
Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/113
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
112