ngintip anu geulis tea
"êmban, kami anteur hayang mandi ieuh
ka jamban larangan
teu kuat ku panas
ieu cikaringêt mani ngorolok kieu!”
atuh jol êmban nyandak sapuratina
ngiring anu bade cebor
mangkat anu geulis Agan Sumur Agung
diiring ku êmban mangkat
kursi cebor ka jamban larangan
bral mangkat diiring
awak jangkung dilayungkeun
awak lênjang dipidangkeun
lêngkeh koneng dilegeyekun
keupat dianjing-bantingkeun
keupat dikangkang-kengkengkeun
bobokong disondoyongkeun
tungkul satarimbang sêmu
tanggah satarimbang sêmbah
ali cingcin dina cinggir
biduri dina jariji
intên jamrut di katuhu
geus kaluar ti Kota Nagara
ka mana mah jugjug purunna
ka mana mah dungkap datangna
undurna mah oge satalanjung jauh
angkat saparentang anggang sugan
barang dugi ka jamban larangan
barang dibukakeun pintuna
atuh blus! korejat, kêrêwêk!
bêr dibawa lumpat
atuh mani jerit nangis
ngajerit maratan langit
koceak kocecet dêngek
dêngek kocecet tulung-tulungan
“akang susul abdi susul
ieu dibawa ku jurig
Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/114
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
CARITA BUDAK MANJOR - 8
113