na sia jurig nyiliwuri
setan marakayangan
aing dibawa sakaba-kaba
anteurkeun aing anteurkeun
anteurkeun ka nagarana”
atuh teu diwaro kasauran nu geulis
dêrêgdêg bae beuki tarik lumpatna teh
atuh geus lepas yen bijil
ti Kota Nagara Kuta Tandingan
lapat-lapat ningali geuning
sinatria nuju calik dina catang
kokoceakan nu geulis tulung-tulungan
katingali geuning ku nu kasep
yen Budak Manjor nyandak anu geulis
tuluy digupayan
"heug nyai ku akang ditulungan, lis”
atuh geuning Budak Manjor
nyampeurkeun anu ngagupayan
raden teu
atuh cênah beuki deukeut beuki deukeut
gok tuluy disanggakeun
anu geulis ditampi ku nu kasep
Ratu Sungging Giling Mantri tea
atuh jep jempe nangisna teh nu geulis
"akang, nuhun sarebu suka salaksa
nyanggakeun badan katut banda
raga katut nyawa
katingali pasang anu kagungan
sawios abdi parantos nampi panglamar
nu kasep Kuda Pamekas
rumaos abdi ditulungan tina bahaya
tah setan nu mpi kitu”
"nya sukur wae geulis
ai suka mah ka akang”
"nun, êngkang ari kêrsa rumpaheun mah
daek bae ningal bijilan pigunungan pikampungan
basana sugal tur garihal
ka nu cadu kana mutu
haram kana pagawean”
Kaca:Carita Budak Manjor - pantun Sunda.pdf/115
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
114